SundaNews (19/01/2025). Kagiatan Restoring the Forest anu dipigawé ku sakelompok mahasiswa pecinta alam (Mapala) di Kota Bandung, 14-15 DEsember 2024, sukses ngalaksanakeun misina pikeun ningkatkeun kasadaran masyarakat dina ngajaga lingkungan. Tujuan utama tina kagiatan ieu nyaéta pikeun ngurangan dampak parobahan iklim jeung ngaronjatkeun kualitas hawa kalayan cara nanem pohon.
Program ieu teu ngan ukur tanggung jawab pamaréntah, tapi ogé tanggung jawab urang sadaya. Masyarakat dipiharep aktif dina ngalaksanakeun kagiatan pelestarian lingkungan, salah sahijina nya éta ku cara melak bibit tatangkalan di tempat-tempat anu lenglang jeung bulenang.
Dina kagiatan “Restoring the Forest”, sasaran utama nyaéta pikeun nanem 16.000 bibit tangkal sacara serentak di sababaraha daérah, di antarana Kota Bandung, Bandung Timur, Bandung Barat, Bandung Selatan, Bandung Utara, jeung Sumedang. Unggal wewengkon meunang 3.000 bibit tangkal. Di Kota Bandung, kagiatan ieu dilaksanakeun di Nyawang,
“Kuring saparakanca bakal melak bibit sawatara tutuwuhan anu penting pikeun ngalestarikeun alam, ogé pikeun ngahasilkeun sumber ékonomi pikeun masarakat. Naha urang kudu melak bibi tutuwuhan Sabab, numutkeun data anu ku kuring baca, unggal detik leuweung di Indonesia rusak pasiksak, sarua jeung genep lapangan maen bal. Ku kituna, hayu urang ngamimitian ngalestarikeun tatangkalan jeung leuweung di Indonesia ku cara ilubiung dina kagiatan itu,” ceuk Putri, Koordinator Wilayah Kota Bandung. Pikeun informasi salenkepna, bisa ngakses Instagram @restoring_the_forest. (Septia Nurul, mahasiswa Prodi Ilmu Komunikasi Stikom Bandung, Jawa Barat).
Comments