SundaNews (29/01/2025). Indah, kiwari geus jadi pembicara publik anu ngainspirasi generasi muda pikeun wani tampil dina panggung. Padahal arti elmuna mah, Indah teh lulusan Ilmu Kimia ti Universitas Pendidikan Indonesia (UPI), lahir di Bekasi 14 April 2001. Indah geus bisa ngabuktikeun yén kamampuan komunikasi anu efektif bisa diteuleuman ku saha waé, kaasup ku jalma-jalma anu boga latar belakang sains saperti manehna
Perjalanan Indah di dunya public speaking dimimitian mangsa kuliah. Indah aktip latihan, ngiluan lomba debat, sarta milu seminar nasional. Puncakna, di taun 2021, Indah dipercaya janten host di salah sahiji channel YouTube anu disebut BooZter Channel. Pengalaman ieu muka kasempetan gedé pikeun ngamimitian karir di dunya penyiaran. Ayeuna, Indah gawe jadi penyiar radio di X Channel Bandung.
Indah sering diundang salaku pembicara di seminar, konferensi, jeung acara perusahaan. Salah sahiji prestasi na nyaeta jadi ketua di acara Distrik Berisik anu dilaksanakeun di Bandung dina bulan September 2024. Indah ogé aktip ngabagikeun ilmunya dina platform daring saperti Instagram jeung YouTube. Kontén anu menarik tur informatifna sukses narik seueur pengikut. Ayeuna, Indah keur ngawangun komunitas public speaking anu disebut “hebat bersuara” salaku wadah pikeun jalma anu hayang diajar ilmu public speaking.
Naon anu nyorong Indah pikeun terjun ka dunya public speaking? Hayang ngabagikeun ilmu jeung pangalamanna ka batur, pokna tandes. Indah yakin yén unggal individu miboga potensi pikeun jadi pembicara anu hade, asal daék diajar tur remen latihan.
Indah ngalatih pola pikirna salaku pembicara publik ngaliwatan pangalaman tur maca buku ngeunaan public speaking. Salah sahiji buku anu dibaca nyaéta Seni Komunikasi ala Rasulullah. Indah ngajadikeun Rasulullah salaku role model dina komunikasi. Salian ti éta, Indah remen ngiluan pelatihan public speaking pikeun ningkatkeun keterampilanna dina komunikasi.
Perjalanan Indah salaku pembicara publik henteu gampang. Indah kungsi gagal sababaraha kali dina lomba, malah mah sempet diragukeun sabab jurusanana lain elmu sosial. Sanajan kitu, kagagalan éta henteu ngajadikeun Indah leutik hate. Sabalikna, ngajadikeun motivasi pikeun kahareup sangkan bisa metik hasil nu leuwih gade. “Naon waé jurusan elmu urang henteu mangaruhan karir manghsa ka hareup, tapi prosés salami kuliah anu ngabentuk pola pikir urang,” ceuk Indah dina wangkongan jeung SundaNews, pertengahan Januari 2025. Ti jurusan élmu kimia, Indah tiasa ngawangun pola pikir ngeunaan kumaha ngatur waktu jeung diajar sacara rinci tur sistematis.
Tantangan pangbadagna nyaéta ngontrol emosina nalika cumarita (biantara) di hareupeun audiens dewasa. Salian jadi pembicara, Indah ogé boga channel YouTube sjeung instagram anu pengikutna (followers) teh nepi ka rebuan . Konténa anu informatif henteu ngan ukur ngeunaan public speaking tapi ogé ngeunaan kahirupan sapopoe. Ngajalankeun dua peran ieu henteu gampang. Indah nyusun strategi pikeun ngajaga keseimbangan. Indah ngajelaskeun yén manehna boga trik sorangan, ku cara nyieun jadwal pikeun ngahasilkeun dua video unggal poe.
Biasana, Indah neangan ideu ti buku atawa podcast, tuluy ngamimitian syuting satutasna rengse digawe. Jadwalna ogé padet; ti Senen nepi ka Kamis pikeun nyieun kontén, sedengkeun ti Jumat nepi ka Minggu manehna jadi pembicara. Indah yakin yén kalayan alesan anu kuat, urang tiasa konsisten. Indah netelakeun yén di sela-sela nyieun kontén, inyana remen murojaah Al-Qur’an pikeun memperkuat spiritualitasna. “Ulah nepi ka fokus nyieun kontén terus tapi poho yén urang teh hamba Allah,” pokna mungkas wangkongan jeung SundaNews. (Adisha Ameliani Muslihah, mahasiswa Prodi Ilmu Komunikasi Stikom Bandung, Jawa Barat).
Comments