SundaNews (01/02/2025). Rafael Situmorang, lahir 11 Maret 1976 di Padang, Sumatera Barat, nyaeta salah sahiji advokat Indonesia anu ngajabat jadi anggota DPRD Provinsi Jawa Barat periode 2019-2024, ngawakilan Partai Demokrasi Indonesia Perjuangan (PDI-P) ti daerah pamilihan Kota Bandung tur Cimahi, Jawa Barat. Rafael nyuprih elmu hukum di Sekolah Tinggi Hukum Bandung. Rafael nyangking gelar sarjana dan tur magister hukum. Saencana ancrub ka dunya politik, Rafael Situmorang aktip icikibung ngadvokasi hak buruh tur ngadegkeun kantor hukum dina taun 2007.
Rafael Situmorang lahir tina kulawarga anu sederhana di Padang. Mangsa Rafel keur leutik keneh, ibu ramana memutuskan hijrah ka Bandung, Jawa Barat. Kasang tukang kulawarga nu kaasup basajan (sederhana), geus ngabentuk karakter Rafael dina enggoning neuleuman kahiripan sosial politik masarakat, minangka pikeun modal kahareupna dina babakti ka bangsa katut nagara. Rafael dipiwanoh sabage aktivis nu ngabajoangkeun hak-hak dasar buruh katut kagiatan sosial kamasarakatan utamana mah di wewengkon Cimahi jeung sabuderureunana.
Rafael Situmorang miboga sababaraha hiji program pikeun ngaronjatkeun kasehatan jeung pendidikan masarakat di Jawa Barat. Di antarana, dina mangsa covid 19 kamari, ngabagikeun masker jeung vitamin ka masarakat di sababaraha wewengkon. Dina widang pangawasan sakola, Rafael teu weleh cumeluk sangkan pihak sakola ulah nepi ka nahan atawa nyandera ijazah deui kawas taun-taun ka tukang alatan nunggak SPP atawa waragad pendidikan nu sejenna.
Beh dituna Rafel oge ngokolakeun rupa-rupa kagiatan nu intina mah nyegah sangkan ulah aya deui praktek-praktek di sakola nu pabentar jeung tujuan pangajaran jeung pendidikan sorangan, saperti perundungan (bullyng) nu rame kaberitakeun di mana-mana. Kuantitas jeung kualitas atikan di Jawa Barat, masih loba keneh nu kudu diropea dibebenah disampurnakeun. “Tah di Jawa Barat mah ulah aya deui kasus-kasus samodel kitu teh,” ceuk Rafael Sitrumorang mungkas wangkongan jeung SundaNews dina pertengahan Januari 2025 kamari. (Ilham Muhammad H, mahasuswa Prodi Ilmu Komunikasi Stikom Bandung, Jawa Barat).
Comments