TAREKAH

Andrie, Ngimpi Jadi Guru Antukna Jadi Tanaga Kasehatan di Papua

0

SundaNews (25/01/2025). “Sanajan cita-cita abdi henteu kacumponan, nanging abdi mikaresep ngalakonan ieu padamelan,”  ceuk Andrie (25) bari seuri basa diwawancara ku SundaNews poe Kemis  12 Desember 2024. Andrie kiwari jadi  tanaga analis kaséhatan anu ayeuna keur tugas di Distrik Wapoga, Kabupatén Nabire, Papua Tengah. Kahayangna mah  satutasna lulus ti SMA  neruskeun ka paguron luhur sangkan bisa babakti jadi guru. Sabab guru teh minangka hiji profesi nu paling mulya pikeun Andrie mah.

Ngan  geuning naon nu dipikahayang teu salawasna kacumponan. Andrie nu tiheula miharep kuliah di jurusan kaguruan, eh kalah ditarima di jurusan kesehatan. Andrie  lulus ti Politeknik Piksi Ganesha kalayan gelar A.Md.Kes. Satutasna   sababaraha kali digawe di  sababaraha pausahaan,  Andri milih ngiluan program Tugsusnakes (Tugas Khusus Tanaga Kaséhatan) anu diayakeun ku Kemenkes RI. Ti saprak Oktober 2023, Andrie ditugaskeun di Provinsi Papua.

Indit ngumbara ka wewengkon nu jauh taya babaturan lain hal anu gampang. Béda budaya, basa, jeung kabiasaan, kudu diteuleuman ku Andrie. Sanajan  kitu, ti mimiti palatihan saméméh ditugaskeun tur ditambah sifat Andrie nu soméah, manéhna gancang bisa loma  jeung masarakat satempat. Jalma-jalma di dinya ogé narima Andrie jeung timna kalayan kahadean, nepi ka maranéhna ngarasa bungah jeung lantaran ayeuna mah henteu kudu jauh-jauh ka kota upama rek barobat teh.

Distrik Wapoga perenahna di wates antara Provinsi Papua Tengah jeung Papua. Kaayaan alamna nu desa keneh sarta aksés transportasi nu kawates nyieun sakabéh kagiatan jadi leuwih hesé. Jarak antara imah ogé jauh pisan. Salah sahiji pangalaman anu karasa rumpil, nyaéta Andrie kantos narima  laporan ti warga ngeunaan pasien nu nyeri beuteung. Imah  pasien éta perenahna di tungtung kampung, kurang leuwih tilu  km ti Puskesmas Wapoga.

Laporan éta ditarima  persisna jam hiji peuting. Ngagunakeun cahaya saaya-aya, Andrie jeung rbabaturanana  sagancangna  indit muru ka éta imah. Sanggeusna nepi ka lokasi tir pasen dipariksa,  pasen dirujuk ka rumah sakit di kota.

“Perjalanan ka rumah sakit peryogi 100 liter bénsin pikeun make speed boat. Untung wanci énjing éta cuacana sae, henteu aya halangan kawas gelombang nu rongkah,” ceuk  Andrie. Transportasi nu kawates ieu ngajadikeun tantangan utama. Upama cuaca kurang hade, warga bakal hésé milari bantuan kaséhatan. Transportasi anu gumantung kana parahu ogé kawates tur ongkosna mahal.

Andrie di Wapoga henteu ngan saukur paribasa mariksa kaséhatan wungkul, tapi ogé ngadidik masarakat satempat. Manéhna sok sosobatan, silaturahmi ti imah ka imah, ngadéngékeun keluhan bari sakaligus mere solusi. Cara ieu dipilih sangkan naséhat nu dibeikeun teh bisa leuwih kahrti  tur dipraktékkeun ku masarakat.

Saperti paribasa “Tina peurih jadi peurah”, sagala kahadean jeung kasabaran tangtu bakal ngahasilkeun buah nu endah. Cita-cita Andrie pikeun jadi guru memang henteu kacumponan sakumaha nu diimpikeun baheula. Ngan geuning, ku kasabaran, keatekunan, jeung kahadéan  nu ditembongkeun ka masarakat satempat mah, antukna jadi modal tekad jeung kasumanget Andrie pikeun babakti ka  masarakat nu ngabutuhkeun pisan tanaga jeung pikiran manehna.  Tah ieu teh teu beda jeung lamun babakti jadi guru. (Haipa Ali Isnaninnisa, mahasiswa Prodi Ilmu Komunikasi Stikom Bandung, Jawa Barat).

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in TAREKAH