SundaNews (02/02/2025). Indra Meirwanda (34), asal Dayeuhkolot, Kabupaten Bandung. digawe di Kecamatan Dayeuhkolot salila lima taun. Mangsa lumangsung pilkada serentak taun 2024 kamari, Indra dipercaya jadi pupuhu Panitia Pemilihan Kecamatan (PPK) di Dayeuhkolot. Salaku pupuhu PPK, tugas utama Indra Meirwanda nyaéta ngaroris (ngawas) sakabeh prosés pemilihan di tingkat kecamatan. Ieu ngawengku perencanaan, palaksanaan, jeung evaluasi pemungutan suara.
Indra kudu mastikeun yén sakabeh tahapan lumangsung saluyu jeung aturan anu berlaku, ogé ngajaga integritas tur transparansi dina unggal léngkahna. “Tugas ieu sanés ngan ukur ngeunaan ngalaksanakeun prosedur, tapi ogé ngeunaan ngawangun kapercayaan masarakat kana prosés demokrasi,” ceuk Indra di Bandung ka SundaNews, poe Minggu (8/12/2024).
Proses pemilihan umum geus lumangsung dina poe Rebo 27 November 2024. Ngan ari sagala rupa persiapan mah geus dimimitian jauh saméméhna. Indra jeung timna geus tatahar ti sababaraha bulan ka tukang pikeun ngalaksanakeun sosialisasi bimbingan teknis ka KPPS. “Kuring hoyong mastikeun yén pengarahan anu parantos dijelaskeun dilaksanakeun kalayan saé,” jelasna.
Kecamatan Dayeuhkolot, tempat Indra digawe, miboga tantangan sejen kusabab keragaman demografi jeung tingkat pendidikan anu béda-béda. “Kuring kedah nyaluyukeun pendekatan supados sadaya lapisan masarakat tiasa kawengku,” tambah Indra.
Indra ngarasa yén janten pupuhu PPK mangrupa kasempetan pikeun nyumbang dina nguatkeun demokrasi di Indonesia. Pemilu anu hade teh, ceuk Indra, tetela mangrupa pondasi pikeun pamaréntahan anu bersih jeung akuntabel, alias sagala rupana bisa dipertanggungjawabkeun ka rahayat. “Kuring hoyong mastikeun yén sora masarakat kadéngé sareng dihargaan,” ceuk Indra. Indra ogé miharep bisa ngainspirasi generasi muda séjén pikeun aktip dina prosés politik.
Pikeun ngalaksanakeun tugasna sangan hade, Indra nerapkeun rupa-rupa strategi. Indra ngayakeun rapat rutin jeung para anggota PPK pikeun ngabahas kamajuan sarta tantangan anu disanghareupan. Salian ti éta, Indra ogé ngamangpaatkeun média sosial pikeun ngahontal masarakat ngabagikeun informasi ngeunaan pemilu. “Komunikasi anu saé mangrupi konci pikeun nyiptakeun pemilu anu suksés,” ceuk Indra optimis.
Pangalaman munggaran salaku Pupuhu PPK di Pilkada 2024 teh, jadi momen berharga pikeun Indra mah, anu henteu ngan ukur nguji kamampuanna tapi ogé babagi pelajaran penting ngeunaan tanggung jawab sosial katut demokrasi (Yully, mahasiswa Pridi Ilmu Komunikasi Stikom Bandung, Jawa Barat).
Comments