TAREKAH

Yuyun Kader PKK, Ngahudangkeun Potensi Masarakat Pangalengan

0

SundaNews (24/01/2025). Yuyun Yuhanah (46), salah sahiji anggota kader PKK di Désa Banjarsari, Kecamatan Pangalengan,  Kabupaten Bandung, Jawa Barat,  kiwari dipercaya jadi Ketua Pokja 1 TPPKK  Desa Banjarsari. Peran Yuyun salaku kader téh nyaéta ngalaksanakeun tugas di antarana ngahudangkeun poténsi masarakat sarta kulawarga, ngagerakkeun peran masarakat, jeung ngadalikeun 10 program pokok PKK.

Yuyun ogé ngayakeun  kagiatan karukunan antar-umat agama, ningkatkeun ketahanan kulawarga, ngabina lansia, tur ngabantu pamaréntah désa pikeun nampung aspirasi ti masarakat. Tujuanana nyaéta pikeun ningkatkeun karaharjaan masarakat di désa.

Rasa kataji Yuyun pikeun jadi bagian tina kader PKK nyaéta alatan iyana ngarasa miboga kamampuh pikeun  ngarojong kepala désa dina ngatur pembangunan désa (idéntifikasi), ngalaksanakeun musdus (dusun)  sareng musdes (desa), ogé ngumpulkeun data-data anu diperlukeun ngaliwatan sensus SDGis. Salian ti éta, Yuyun  bisa nyebarkeun jeung  nyosialisasikeun program pembangunan désa ka masarakat, ogé ilubiung dina palatihan pikeun ningkatkeun kapasitas kader.

Inspirasi anu jadi dorongan Yuyun dina ngalaksanakeun tugasna salaku kader PKK nyaéta peran aktif ti unggal pokja. Pokja 1 ngalaksanakeun tugas di widang agama, katerampilan, sareng gotong royong. Pokja 2 dina widang pendidikan, katerampilan, jeung pangembangan kahirupan koperasi. Pokja 3 di widang pangan, sandang, perumahan, jeung tata laksana rumah tangga. Sedengkeun Pokja 4 ngalaksanakeun integrasi usaha kaséhatan, lingkungan, jeung perencanaan kulawarga pikeun ngahontal karaharjaan kulawarga sareng masarakat.

Sakabéh program PKK anu dilaksanakeun ku Yuyun salaku kader geus  kapetik hasilna kalayan nyugemakeun. Hal ieu kaasup kana kanaékan kapuasan pihak anu kasangkut, pananganan masalah kaséhatan saperti stunting, jeung  gawé babarengan anu éféktif antara sababaraha tingkatan pamaréntahan. Kalayan komitmen anu pageuh  tur pangrojong  ti sakabeh pihak, dipiharep program ieu tiasa mere pangaruh positip ka masarakat di wilayah Pangalengan, hususna Désa Banjarsari.

Kagiatan anu dilaksanakeun ku Yuyun salaku kader PKK biasana lumangsung di kantor kecamatan, aula désa, atanapi di tempat anu kabuka (outdoor). Ieu gumantung kana kaayaan sarta  tujuan, pikeun nyegerkeun pangawerih jeung kaparigelan para kader nalika nyosialisasikeun pelatihan, supaya kagiatan éta tiasa lancar dilaksanakeun.

Pikeun  nalungtik kasuksésan program anu dilaksanakeun ,Yuyun salaku kader PKK, remen ngalakukeun monitoring jeung evaluasi. “Kagiatan ieu ngalibatkeun nalungtik pencapaian program, ninggal hasil, idéntifikasi tantangan anu dituju, sareng masihan masukan anu konstruktif,” ceuk Yuyun Yuhanah, mungkas wangkongan jeung Sundanews. (Naira Fitriani Dewi. mahasiswa Prodi Ilmu Komunikasi Stikom Bandung, Jawa Barat).

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in TAREKAH