SundaNews (26/01/2025). “Sakumaha awalna, abdi ngan ukur gaduh hiji anak sapi,” ceuk Enjang (51) muka wangkongan jeung SundaNews, poe Sabtu 11 Januari 2025. Sapi bibit eta teh ngahaja dibeuli tina hasil nyengcelengan mangtaun-taun digawe salaku buruh tani.
Sanajan awalna mah hésé, Enjang keukeuh hayang miboga jeung ngurus sapi peres (perah) sorangan. Enjang loba guguru ka peternak sejen utamana nu aya di Pangalengan. Kajaba guguru langsung, Enjang oge ngorehan buku pangaweruh ngeunaan cara ternak sapi nu sukses. kitu deui mun aya kagiatan pelatihan nu dikokolakeun ku dinas peternakan satempat, Enjang sok nyempetkeun ngilu ilubiung.
Kiwari Enjang geus miboga lima sapi peres indukan jeung tilu sapi anakan. Enjang ngaku yén tangtangan pangbeuratna dina awal usahana nyaéta soal pakan jeung kasehatan sapi. “Baheula abdi teu acan terang pakan naon anu pangsaéna kanggo sapi. Akibatna, tumuwuhna sapi janten lambat,” jelasna. Kabehdieunakeun mah Enjang mimiti ngarti pentingna méré pakan anu ngandung loba gizi, saperti jukut seger, jarami, jeung konsentrat. Salian ti éta, inyana gé rutin ngondang dokter hewan pikeun mastikeun sapi-sapina dina kaayaan séhat.
Ku cara gawe soson-soson jeung katekunan mah, usaha Enjang antukna mimiti nunjukkeun hasil. Sapi munggaran bobogaanana nu turus tumuwuh gede ahirna bisa dijual pikeun meuli deui dua sapi anayar. “Ti dinya, abdi mimiti mikir kanggo ngalegaan usaha. Unggal aya kauntungan, abdi sok nyisihkeun kanggo mésér sapi anyar atanapi ngalereskeun kandang,” tambahna.
Hasil tina peternakan eta teh kiwari Enjang geus mampuh nyumponan kabutuhan kulawargana. Enjang balaka yén panghasilan tina ngajual susu sareng daging sapi cukup pikeun nyumponan kabutuhan sapopoé, malah bisa oge nyumponan beaya pendidikan anak-anakna. Aya tilu, nu cikal umur 26 taun, nu kadua 20 tan, jeung nu bungsi 16 taun. “Abdi syukur, usaha ieu tiasa ngabantosan kulawarga abdi hirup langkung saé,” saur anjeunna kalayan nada pinuh ku rasa syukur.
Ditanya ngeunaan rusiah kasuksesanna, Enjang ngawaler negeskeun yén konci utamana nyaéta ketekunan sareng kasabaran. “Beternak éta butuh prosés. Urang kedah sabar sareng henteu gampang nyerah, utamina nalika nyanghareupan tangtangan. Salian ti éta, urang ogé kedah teras diajar supaya tiasa ningkatkeun hasil peternakan,” pokna.
“Ulah sieun ngamimitian sanajan kalayan modal leutik. Nu penting, niatna kuat sareng daék didamel cape. Lamun urang bener-bener, pasti bakal aya hasilna,” pokna deui mungkas carita (Anggi Amilia, mahasiswa Prodi Ilmu Komunikasi Stikom Bandung, Jawa Barat).
Comments