SundaNews (23/01/2025). Devid Alfindra Karuhimat (33), saurang drummer nu miboga bakat tatalu nu onjoy, kiwari geus jadi bagean tina grup band metal Metavolve. Lalampahanana dina seni tatalu nga-bend dimimitian ti umur16 taun. Kapinteranana kana alat musik perkusi ieu katembong sanggeus ningali aksi Joey Jordison ti Slipknot, anu ngainspirasi Devid pikeun neuleuman dunya drum.
Salaku drummer metal, Devid manggih kabagjaan luar biasa upamana mangsa manehna manggung tur disakseni ku rebuan panongton. Tapi lalampahan ieu teu salawasna lancar. Devid cumarita yen amnehna nyanghareupan tantangan nu kawilang berurat oge, saperti ngajaga tempo anu stabil ssarta neangan ketukan drum anu cocok pikeun lagu anyar.
Proses nyiptakeun musik anyar babarengan jeung bandna dimimitian ku nyieun kerangka lagu. Ti dinya, nada gitar jeung bass dikembangkeun saméméh nimu ketukan drum anu sampurna pikeun ngahudangkeun harmoni. Atuh beh dituna, teu poho lirik ogé dirancang pikeun ngalengkepan karya éta.
Ku sumanget anu gede sareng dedikasi anu luhur, Devid teras ngukir tapak dina dunya musik metal. “Maén drum lain ngan ukur ngeunaan téknik, tapi ogé ngeunaan nyalurkeun énergi tur émosi ka pamiarsa,” saur Devid. Pikeun pecinta musik metal, aksi panggungna téh hal anu salawasna didago-dago.
“Sanajan teu acan kasohor nepi ka manca nagara, kuring ngarasa sugema lantaran hobi leutik t bisa nganteurkeun kuring babarengan gaul tur digawe proses kreatif jeung jalma-jalma anu resep kana genre musik anu sarua,” ceuk Devid mungkas wangkongan jeung SundaNews. (Tarisa Putri Eldiansah, mahasiswa Program Studi Ilmu Komunikasi Stikom Bandung)
Comments