Puisi Milenial

Nngguan Kaadilan

0

Ku: Frisca Fauziah Lestari

Kaadilan sering datang telat
Dipencet ku tiiseun jeung sieun
Tapi anjeunna terus sapanjang jalan
Sanajan léngkahna pinuh ku halangan

Di tengah sora kateupastian
Hate anu adil henteu pernah nembongan
Manehna  nyumput di juru nu poek
Kawas nu leungit harepan

Tingali ka jalma anu dipergasa
Ngadagoan hak maranéhna ditegakkeun
Dinu tiiseun maranehna  nangtung jangkung,
Najan raga cape, jiwa tetep kuat

Kaadilan lain  milik  jalma perkasa,
Éta lain hak anu miboga kakawasaan,
Maranehna  sora anu ngabela kaum cacah
Ngalawan sagala rupa kateuadilan

Engke bakal datang kaadilan sajati
Mukakeun sagala rupa kebokbrokan
Ngahijikeun hate-hate nu pasolengkrah
Méré caang dina saban léngkah

*Frisca Fauziah Lestari, lahir di Karawang,  mahasiswa Prodi Ilmu Komunikasi FISIP Universitas Pasundan (Unpas), Kota Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *