Ku: Rafi Imam Mahir
Sok aya wae banyolan ti babaturan
Seuri babarengan teu aya tungtungna
Babaturan sok loba cumarita
Sanajan sedih tetep karasa kabungah
Ti peuting ka peuting kaliwatan
Teu aya kakeuheul nanaon
Anu dipikiran ngan ukur seuri jeung seuri
Pikeun ngukir carita pikeun dipalar engké
Poé jeung kaliwat teu karasa
Sanajan loba masalah nu pagaliwota
Tapi waktu babarengan mah teu karasa beurat
Nepika bisa seuri ngahudangkeun sagala komplikasi
Hirup remaja pinuh ku carita
Babaturan nu datang jeung nu mangkat
Ngaronjatkeun warna dina hirup remaja
Banyol bodor mungkas karungsing pikiran
Sanajan kadang dina kaayaan hirup jeung pati
Tapi sabenerna rumaja silih jaga
Kaasup silih penta silih injeuman
Sangkan bisa jadi sobat sahate salawasna
*Rafi Imam Mahir, mahasiswa Prodi Ilmu Komunikasi Universitas Pasundan, aktip jadi freelance photographer dan videographer, dumuk di Bandung.
Comments