Puisi Milenial

Hariring Peuting

0

Ku: Melinda Puspita Sari

Kuring teu ngan ukur sorangan
Kuring salawasna dibaturan ku rasa simpe
Unggal beurang unggal peuting
Taya batur nu ngajak catur
Unggal poe boh dulur boh nu ti tembur

Unggal peuting kuring nyaring
Neang anjeun nu sugan datang
Malah sare dina taktak impian
Teuing naon lalakon caritana

Unggal peuting ngahariring
Nunggu keketok anjeun datang
Tapi geuning ukur cakcak nu nembalan
Pajarkeun teh naha kuring ngahariring

Sakapeung hate kuring  ngarasa hanjelu
Naha teu incah balilahan kawas batur
Neangan panyatur ti kaler jeung kidul
Sugan mawa beja nu jadi bukur

Sakapeung hate asa sok ngajelegur
Naha reang pananya ti warga salembur
Naha jeung iraha kuring dikaleng batur
Sok komo umur beuki nambah tagiwur

*Melinda Puspita Sari, mikaresep kuliner jeung budaya kasundaan, mahasiswa Prodi Ilmu Komunikasi FISIP Unpas Bandung, nganjrek di Tasikmalaya, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *