Puisi Milenial

Hiliwir Peuting

0

Ku: Faruq Buwana

Wanci peuting  datang langit surti
Béntang baranang ngahaleuang ngabageakeun
Siga nu  karampa raga jeung rasa
Ngagugah hate nu sepi hurung huripna.

Dina sepi bulan nyeungceurikan
Cahaya na ngalidem jagat saharita
Ngusap tatu nu ngahaja disumputkeun
Ngahaneutkeun hate sorangan

Angin peuting nyingkahkeun karerepet
Mawa kahayang nu lenglang dipikamelang
Kabéh kasedih bakal lirih dina mangsana
Siga nu ngabejaan, ulah sieun teu puguh

Dina peuting nu jempling  pangdeudeul diharewoskeun
Dina peuting  nu ngahariring harepan diateurkeun
Mugia isukan pinuh ku kabagjaan
Cinta jeung harepan nu langgeng pakait

* Farouq Buana, lahir di Cirebon, hobi kana widang fotografi, mahasiswa Prodi Ilmu Komunikasi FISIP Unpas, dumuk di Kota Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *