Puisi Milenial

Kelas Nu Pinuh Harepan

0

Ku: Ericka Amanda

Di kelas nu pinuh ku harepan
Papan tulis ditembongkeun di hareup
Leungeun nulis, pikiran ngumbara
Ngudag impian dina kahirupan nu pagaliwota

Buku kandel jadi sobat satia
Di antara pancén nu ditungguan
Tapi sumanget moal kendor
Demi impian nu dipikahayang

Waktu demi waktu terus ngaliwat
Unggal ujian téh tangtangan
Unggal kagagalan jadi  pelajaran
Dina unggal perjuangan pasti aya hasilna

Jeung iraha waktuna datang
Kuring rek miang teuneung makalangan
Ninggalkeun panineungan  di unggal juru
Kuring reueus nyuprih elmu di kampus ieu

* Ericka Amanda, lahir di Bandung, mahasiswa Prodi Ilmu Komunikasi FISIP Universitas Pasundan Bandung, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *