Ku: Syifa Alfianur Budiman
Dina sarigsig hate
Di antara urang aya iket nu matri,
Siga béntang nu caang tengah oeuting
Tapi alam kawas nu teu hayang ngahiji
Hate tarigtug tutunggulan
Urang duaan pada ngabetem
Dina jero hate kuring tumaya
Naha ieu sakabeh ngan ukur ilusi?
“Jalma anu bener, waktu anu salah,”
Kadengen dina pikiran aya nu ngagorowok
Rarasaan jadi kakurung hese ngalengkah
Tapi sieun kana jarak nu mungkin kabentuk.
Dua taun geus kaliwat, kuring masih nungguan
Waktu pikeun poho kana paripolah anjeun
Beuki didagoan beuki motah ieu hate
Anjeun teu sadar, atawa kuring nu salah?
Harepan ieu tumuwuh alatan sikep anjeun
Hate weleh pagaliwota dulug dugdag
Miharep jawaban nu sakuduna kumaha
*Syifa Alfianur Budiman, mikaresep seni budaya jeung sastra Sunda, mahasiswa Prodi Ilmu Komunikasi FISIP Unpas, nganjrek di Sukajadi, Kota Banung, Jawa Barat.
Comments