Ku: Ahmad Syauqi
Dina peuting nu tisieun ngahuleng lirih,
Ngaléos solat antara impian,
Béntang ngagupay dina mega,
Anjog hate nuju impian.
Lengkah leutik dina jalan anu panjang
Kadang ngahalangan, kadang ngahalangan,
Tapi tekad ieu tetep jentre
Marengan jiwa nu terus bajoang
Poe ganti, waktu terus nyerelek,
Nyaritakeun carita anu teu kaunggel,
Cimata jeung kaseuri ngahiji dina harmoni,
Jaadi warna hirup anu langgeng
Katumbiri mucungheul satutas hujan eureun,
Nganyatakeun harepan anu moal pernah luntur,
Nu sanggeus poek meredong tanpa cahaya
Ngahaneutkeun hate nu keurpagaliwota
Jeung dina tungtung lalakon ieu
Carita kahirupan diukir dina tapak,
Mugia wae ing aya hartina, sing jadi pituduh,
Pikeun jiwa-jiwa lian nu keur neangan jalan
*Ahmad Syauqi lahir di Kabupaten Subang 2004, mikaresep seni budaya jeung sastra Sunda, mahasiswa Prodi Ilmu Komunikasi FISIP Unpas, Bandung, Jawa Barat.
Comments