Ku: Salsabila Amanda Puteri Humaira
Imah, tempat urang tumetep
Imah, tempat urang nangtayungan
Imah, anu salawasna jadi implengan
Imah, anu salawasna jadi tempat pangbalikan
Dina poe-poe nu kaliwat
Nu pait jeung nu manis disidem pangjerona
Silih pikahormat jeung silih pikanyaah
Imah, sanajan rupana
Teu kabeh jalma gampang manggihanana
Teu gampang pikeun ninggalkeunana
Aya nu susah ngahontal imah
Aya anu gampang ngarasakeun bagjana
Aya ngayapak kateumbag ku matana
Aya anu basajan tapi jero hartina
Ngipuk kabagajaan jeung katingtriman
Ngayakinkeun yen aya rasa silih pikanyaah anu ngahiji
Imah nu saestuna kudu dipiara dimumule
Tempat pangbalikan urang salawasna
*Salsabila Amanda Puteri Humaira, lahir di Bandung pada 2004, mahasiswa Prodi Ilmu Komunikasi FISIP Universitas Pasundan, Kota Bandung, Jawa Barat.
Comments