Puisi Milenial

Nalika Walungan Caah

0

 

Ku: Syifa Nabila

 Dina isuk-isuk nu pinuh ku mega kulawu
Cai walungan mapay lembur nu camewek
Walungan teu bisa nanggung sangsara
Nyapu kampung nyésakeun kanyeri

 Hujan mancawura  teu eureun-eureun
Cai nguguludag amayah ngeueum pakampungan
Ratusan imah  pating karelep  di ditu di dieu
Loba jalma nu tatu alawah-euleuweuh

 Aya  awewe kolot ceurik ngabangingik
Mepende budak nu awakna geus rangsak
Pakaya jadi runtah, hate asa disasaak
Kasumanget dipompa sataker kebek

 Kiwari alam balaka tur  ngumbar amarah
Dumeh manusa geus teu boga rasa
Ti baheula sagala dibukbak dirumpak
Caahna walungan sangkan jadi pangeling
Eureunan lampah salah paheutkeun muamalah

       *Syifa Nabila,mikaresep seni budaya tur sastra Sunda,  aktivis organisasi kampus,  mahasiswa  Prodi Ilmu Komunikasi FISIP Unpas Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *