Ku: Ridhazia
RESPON atawa jawaban Ketua DPR Puan Maharani patali jeung tuntutan massa Revolusi Rakyat Indonesia di Jakarta téh masih kénéh normatif.
Politisi PDIP éta ngan ukur ngabigeu. Manehna henteu mastikeun naha tunjangan kontrakan imah anggota DPR Rp 50 juta sabulan éta bakal dibatalkeun atawa diteruskeun.
Niretika
Tunjangan imah kontrakan wakil rahayat boga poténsi ngaboroskeun anu niretika, di tengah Présidén Prabowo nyatakeun kudu aya éfisiensi anggaran nagara.
Leuwih deui, anggaran sakitu gedéna lamun diitung deui téh bisa dipaké pikeun ngagancangkeun program 3 juta imah layak huni keur rahayat miskin.
Apanan, lamun éta anggaran nagara dipaké pikeun mulangkeun harga minyak goréng; normalisasi harga béas, bakal leuwih karasa mangpaatna.
Teu Transparan
Skéma anu dipaké pikeun bantuan “kamiskinan” anggota DPR ogé teu transparan jeung teu akuntabel.
Tunjangan imah dinas DPR ku skéma lumpsum écés henteu transparan sarta boga poténsi panyalahgunaan. Sabab can tangtu tunjangan anu ditampa téh leres dipaké pikeun kabutuhan imah (nyéwa/kontrak).
Sacara persepsi kaadilan jeung légitimasi pulitik, kawijakan ieu ogé tetep bisa meperlebar jarak sosial antara élit jeung rahayat!*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments