Ku: Ridhazia
KACIDA lilana Bandung jeung sabudeureunana karasa panas. Tapi saminggu ka tukang sabalikna, jadi tiis. Suhu hawa ngahontal 16 derajat, tuluy puncakna sakitu-kitu baé di 21 derajat.
Luhurna rata-rata Kota Bandung kira-kira 768 meter di luhur permukaan laut (mdpl), nu matak Bandung boga iklim nu seger. Tapi ayeuna mah suhu karasa henteu normal. Nyaéta kacida tiisna. Henteu karasa seger deui.
Tiis Peuting
Badan Meteorologi, Klimatologi jeung Geofisika (BMKG) ngajelaskeun yén fenomena ieu disababkeun ku suhu tiis ékstém nu biasana lumangsung dina mangsa halodo, utamana peuting.
Dina usum halodo, nalika beurang, panonpoé nyorot maksimal sabab teu aya awan nu nutupan. Akibatna, permukaan bumi narima radiasi panonpoé nu kacida gedéna.
Bédana suhu antara beurang nu panas jeung peuting nu kacida tiisna nyababkeun warga Bandung ngarasa cuaca leuwih tiis tibatan biasana.
Nalika peuting, bumi ngaluarkeun énergi. Kusabab henteu aya awan, ti peuting nepi ka isuk kénéh, radiasi nu disimpen di permukaan bumi dileupaskeun maksimal.
Ngagulungan Selimut
Pikeun nyanghareupan suhu ékstém, urang Bandung kudu mimiti tarik selimut ti mimiti. Sahanteuna maké pakean nu haneut.
Barangdahar nu haneut-haneut. Tuluy nginum téh atawa kopi nu ogé haneut. Tibatan kagét jeung hariwang.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.




































Comments