Puisi Milenial

Ngudag Gelar Sarjana

0

 

Ku: Reni Ulva

 Di awal lengkah, mimiti diajar
Ngan ukur niat jadi bekel
Ngudag elmu, ngudag impian
Sanajan jalan, pinuh halangan

 Tiap poe, di kelas sina sabar
Ngaregepkeun dosen medar  elmu
Panon beuki capé, sirah beuki berat
Tapi haté kuat, henteu rancucut

 Peuting nu simpe, diajar teu eureun
Tugas numpuk ngajajal wates
Lemah lungkrah ngarasa kacapean
Tapi cita-cita, tetep jadi panggero

 Babarengan jeung babaturan, ngalengkah bareng
Ngarasakeun susah jeung bungah sajajalan
Ngabagi rasa, ngabagi harepan
Motékar babarengan ngudag kasuksésan 

 Doa kolot, jadi jangkar jiwa
Ngilu ngaléngkah dina sagala rasa
Cimata nu ngucur dina panggih
Jadi saksi bajoang ngigelan jaman

Nepikeun wisuda, leungeun ngajemput
Kahengker cape capé jeung karingrang
Gelar sarjana namprak na leungeun
Hasil tina usaha nu mokaha

 Tapi ieu ukur mimiti lalampahan
Mangsa hareup nyumputkeun harepan
Sarjana lain ukur kasang tukang
Tapi janji pikeun ngawangun kahareup nu nyongcolang

*Reni Ulva, mahasiswa Prodi Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati nu keur tatahar nyusun skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *