Ku: Fida Atiyah Hendarwati
Dina jaman anu beuki maju
Media datang minangka saluran warta
Nganteurkeun pangaweruh anu hade
Méré katerangan pikeun saha waé
Ngaliwatan layar kaca, koran,jeung sora
Urang bisa diajar hal-hal nu anyar
Ngabuka wawasan, ngagedékeun pamikiran
Ngajaga kasadaran, ngaronjatkeun elmu pangaweruh
Informasi teu ngan saukur hiburan
Tapi jalan pikeun ngaronjatkeun diri
Ngajarkeun urang ngeunaan dunya
Sangkan leuwih ngarti kana kajadian sabudeureun
Media ngajarkeun urang pikeun mikir sacara kritis,
Ngajaga obyektivitas dina nganalisis fakta,
Salian ti nganteurkeun béja, éta ogé ngadidik
Supaya urang henteu kabawa dibobodo
Atikan teu ngan ukur di sakola,
Tapi bisa ditempo dina unggal informasi
Ngaliwatan media, urang terus diajar
Ngabuka cakrawala pikeun diri
Media jadi saluran pangaweruh badag
Ngabantu urang milih jalan lempeng
Ngabimbing urang dina lalampahan hirup
Sangkan teu leungiteun arah
Dina dunya anu terus robah rongkah
*Fida Atiyah Hendarwati, mahasiswa Prodi Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati nu keur tatahar nyusun skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
.
Comments