Puisi Milenial

Kere Hahalang Kahirupan

0

Ku: Regita Cahyani

Katempo bagja keur maranehna
Padahal nyatana, nyeri nu karasa
Untung, kitu ceuk maranehna
Padahal keusik seukeut terus nyocoan 

Ceurik jeung rumahuh
Salawasna disumputkeun dina kere
Cukup kabagja nu kateembong mah
Sangsara keun diteureuy sorangan

Karasa beurat, nganyenyeri hate
Tapi ieu téh bumbu kahirupan
Rasa pait , asin, nepi ka amisna,
Nu nungtun ngaliwatan jalan hirup 

 Euweuh nu kudu disalahkeun,
Kabeh geus diatur ku kawasa-Na.
Takdir anu kudu ditampa,
Nepika engké ngahontal puncak kahirupan 

 Ayeuna kuring ngarti kana lalampahan
Di satukangeun tatu, aya kakuatan
Kere hahalang ieu ngan ukur atikan
Nu ngajar jeung nungtun
Kana cahaya di tungtung harepan

*Regita Cahyani, lahir di Palembang, Sumatera Selatan 2002, aktivis kampus, mahasiswa Prodi Ilmu Komunikasi FISIP Unpas, Bandung, Jawa Barat.

 

 

 

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *