Ku: Hilda Sri Wahyuni
Gubrag ka alam dunya, koceak dengekna
Jentre meupeuskeun jemplingna peuting
Disanggap ku cireumbay kabungah nu jadi kolot
Renghap ranjugna indung nu ngalahirkeun
Kahariwangna bapa anu teu aya watesna
Kaubaran ku ngagoakna ceurik kuring
Lelenyehna seuri kuring, matak gumbira anu jadi kolot
Rengkak polahna kuring, jadi bahan gogonjakan anu jadi kolot
Waktu kuring nandangan lara kolot
Teu kuat ngabendung kabigung nu jadi indung nyegruk ceurik
Ninggali kasampak bapa gering ngaheulas bangun nalangsa
Nalangsa pinuh ku kanyaah
Basa kuring geus jadi nonoman, teu saeutik kuring boga masalah
Kasaha deui kuring ngadu mun teu kanu jadi kolot
Bapa anu ngabeberes masalah kuring
Indung anu ngupahan rasa kasedih kuring
Ayeuna kuring geus gede
Ayeuna kolot kuring geus rarempo
Asa can pernah kuring mulang tarima
Nu aya ngan ngaririweuh, jeung mere kapusing
Kajeun jauh ditungtung lembur
Kajeun anggang ti pakarangan
Indung tunngul rahayu, bapa tangkal darajat
*Hilda Sri Wahyuni, mahasiswa Prodi Jurnalistik UIN Sunan Gunung Djati Bandung nu keur tatahar nyusun skripsi, nganjrek di Kabupaten Tasikmalaya,Jawa Barat.
Comments