Puisi Milenial

Buku Sobat Dalit

0

 

Karya: Novri Ardiansyah

Buku teh sobat dalit setia

Dina poe nu poek atawa caang

Ngajak urang ngalanglang jagat

Ka dunya nu jauh satungtung deuleu.

 

Dina unggal kaca, aya carita

Ngajarkeun kahirupan nu nyata

Ngabageakeun hate nu camewek

Nyiram kahayang nu ngalayang

 

Buku teh  harta nu teu bisa beak

Elmuna jadi bekal salilana

Ngajaga urang tina kalangkang

Ngahirupkeun imajinasi nu lega

 

Ku kituna, hayu  urang baca buku,

Sangkan  elmu urang nambahan

Hirup jadi leuwih munel

Jeung pikiran jadi leuwih mabra

 

Buku teh  kacaangan dina kahirupan

Ngahijikeun urang sakabeh

Dina dunya nu pinuh ku rupa-rupa,

Buku jadi sobat dalit nu satia

*Novri Ardiansyah , mikaresep seni budaya Sunda, mahasiswa Bimbingan Konseling Islam (BKI) UIN Sunan Gunung Djati Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *