SundaNews (18/01/2025). Paman Bakso 13.000 Sawaregna. Kitu tah judul atawa ngaran jongko atawa warung baso di Cirebon nu kiwari keur viral dina sawatara media sosial. Perenahna di Jl. Sultan Agung Blok Pon No.20-A, Sumber, Kecamatan Sumber, Kabupaten Cirebon, Jawa Barat.
Warung ieu ngalarapkeun konsep cukup ku ngaluarkeun 13 rebu, pangunjung bisa ngabaso sawaregna di tempat. Munasabah lamun tenpat ieu pada ngajugjug ti mana-mana. Boh kaom rumaja jeung mahasiswa boh kulawarga. Harayengeun nyoba jeung ngasaan kumaha baso 13 rebu teh. Ngudag panasaran, cenah.
Pamilik usaha ieu nyaéta tujuh paman (Paman Alfan, Paman Imang, Paman Daroji, Paman Acep, Paman Romy, Paman Ibnu, sareng Paman Eka. Usahana dimimitian ku cara nerapkeun konsep anyar ngabaso saewaregna di tempat kalayan bari diuk atawa ngampar parasmanan.
Jumlah pengunjung nu datang ka tempat ieu teu kurang ti 1.500 urang unggal poe. Baso nu diproduksi nepi ka 3,75 kuintal kalayan pamasukan nepi ka Rp 19,5 juta unggal poena. Cek sabagian mahasiswa nu ditanya ku SundaNews, maranehna ngarasa wareg jeung sugema sanggeusna ngabaso di tempat ieu. Kajaba murah meriah oge nikmat mirasa deuih. Cop pisan pikeun para pemburu kuliner mah, cenah.
Lokasina nu gampang dijugjug ngajadikeun Paman Baso 13.000 jadi pilihan pikeun para penggemar baso ti sakuliah Cirebon. Malah sabagean mah turis domestik nu kabeneran keur nganjang ka Cirebon, boh ngahaja boh keur pancen tugas ti kantor. Paman Baso oge geus ngaluaskeun usahana, ku jalaran muka tilu cabang di Kaplongan Indramayu, Sumber, jeung di Boyolali. Malah cenah sakeudeung deui baris muka cabang oge di Pabuaran Ciledug.
Paman Bakso teh kakara buka ngan sabulan ti mimiti 10 November 2024. Jam operasionalna 10.00-20,00 WIB. Lamun poe Saptu jeung Minggu mah nepi ka jam 21,00.
Kakuatan rupa-rupa media sosial, geus ngajadikeun warung baso ieu viral. Kajaba ti eta, pangusaha pamilik warung nerapkeun elmu pangirut pangunjung ku cara nyiapkeun tempat nu pikabetaheun sarta pelayanan nu gancang katut someah darehdeh deuih. (Siti Hodi Hodijah, mahasiswa Prodi Ilmu Komunikasi Stikom Bandung, Jawa Barat).
k
Comments