Kolom Mahasiswa

Sinema: Maca Deui Sajarah Indonesia – Tionghoa

0

 

Ku : Sherly Adrian

SAJARAH sakapeung nyimpen gurat-gurat kelam anu  lamun teu dibuka deui, bakal tetep jadi  kanyeri anu nyamuni. Hal ieu karandapan ku masarakat Tionghoa-Indonesia, khususna nalika ngaliwatan mangsa pait krisis monéter jeung karusuhan Méi 1998.

Catetan poék éta mindeng disingkahkeun, tapi teu kungsi leungit tina ingetan para penyintasna. Kiwari, program “Layar Tancap Terang Bulan” di Bandung mintonkeun filem-filem pondok pilihan pikeun maca deui sajarah jeung jati diri Tionghoa-Indonesia.

Dina filem Gecko (2026) karya Owen Effendi, contona, dicaritakeun kumaha saurang nonoman neangan arsip kulawargana anu kapaksa jadi pangungsi ka Singapura sabab imahna diduruk  taun 1998. Simbol tokek dina filem éta jadi  gambaran yén trauma antargenerasi téh tetep aya tur nempel dina ingatan.

Kanyataan ieu mawakeun urang kana krisis identitas anu dirandapan ku generasi ngora Tionghoa-Indonesia ayeuna. Aya rasa kabingungan: Indonesia dianggap lain lembur pituin airanyana. Kanyataan kieu tangtu kudu diubaran, ulah nepi ka kawas nu raheut ku hinis mingkin gudawang.*

  *Sherly Adrian, mahasiswa semester 7 Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati nu keur tatahar nyanghareupan panalungtikan skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.