Kolom Mahasiswa

Rebo Nyunda Jeung Tradisi di Kota Bandung

0

 

Ku: Taliyyatur Rohmah

PROGRAM  Rebo Nyunda geus jadi salah sahiji léngkah nyata Pamaréntah Kota Bandung dina ngalestarikeun kabudayaan lokal di tengah banjir arus modernisasi. Ngaliwatan kawijakan ieu, sakabéh ASN, murid sakola, nepi ka masarakat diimbau pikeun ngagunakeun basa Sunda, ngapaké papakéan adat, sarta ngahirupkeun deui tradisi Sunda unggal poé Rebo.

Kawijakan ieu lain saukur formalitas mingguan, tapi mangrupa ikhtiar pikeun ngarawat identitas budaya di kota anu beuki kosmopolitan.

Sajalan jeung lumangsungna waktu, palaksanaan Rebo Nyunda nyanghareupan tangtangan anu teu ringkes dina kahirupan sapopoé. Loba generasi ngora anu masih ngarsa kagok atawa kurang percaya diri nalika ngagunakeun basa Sunda lemes (undak-usuk basa). Watesna pangaweruh ngeunaan basa daerah ieu mindeng ngajadikeun sabagian jalma milih balik deui ngagunakeun basa Indonésia dina berkomunikasi.

Akibatna, ésénsi tina Rebo Nyunda sakapeung  ngan nepi ka  dina aspék papakéan tradisional tanpa nepi ka jero-jerona kumagha ngalaksanakeun ajen-ajen budaya Sunda nu luhung.

Sanajan kitu, adana rupa-rupa tangtangan éta teu meunang ngaleungitkeun semangat pikeun ngalestarikeun kabudayaan lokal. Rebo Nyunda sabenerna muka rohangan anu kacida luasna pikeun ngawanohkeun deui kearifan lokal ka generasi penerus.

Nilai-nilai kasundaan anu ngajarkeun tatakrama, kesopanan, sarta rasa silih hargaan bisa ditanamkeun sacara konsistén ngaliwatan kabiasaan sederhana ieu. Lamun dibiasakeun sacara terus-terusan, basa jeung budaya daerah bakal tetep hirup sarta rélevan di tengah dinamika masarakat perkotaan.

Pikeun ngaoptimalkeun keberlanjutan program ieu, peran lembaga pendidikan jeung kulawarga jadi hal anu kacida pentingna. Sakola teu ngan saukur menginstruksikeun murid ngapaké papakéan adat, tapi ogé kudu nyiptakeun rohangan diajar anu interaktif ngaliwatan seni, sastra, jeung kaulinan tradisional Sunda.

Di imah, kolot ogé kudu ngabiasakeun tutur kata basa Sunda dina pagembonan sapopoé. Sinergi antara pendidikan formal jeung lingkungan kulawarga bakal nguatkeun pemahaman budak kana akar budayana sorangan.

Ditilik tina kacamata média jeung komunikasi, ngalestarikeun tradisi saperti Rebo Nyunda merlukeun pangrojong pemberitaan anu positif sarta ngadidik. Média massa lokal miboga tanggung jawab pikeun nyayogikeun informasi anu ngainspirasi masarakat ngeunaan pentingna ngajaga kearifan lokal. Publikasi ngeunaan kagiatan kabudayaan, keindahan sastra Sunda, sarta nilai-nilai filosofis warisan luluhur bisa ngajadikeun masarakat leuwih bangga kana identitas daerahna.

Tungtungna, keberhasilan Rebo Nyunda dina ngarawat budaya lokal kacida gumantungna kana kasadaran jeung kapedulian urang saréréa. Ngajaga tradisi lain hartina nolak kamajuan jaman, tapi mangrupa fondasi pikeun nguatkeun karakter bangsa di tengah pergaulan global.

Hayu jadikeun Rebo Nyunda salaku momentum pikeun ngaresep, ngagunakeun, sarta ngabanggakeun budaya Sunda sacara mayeng supados warisan luluhur teu leungit kadeseh ku parobahan  jaman nu sakitu rongkahna.*

  * Taliyyatur Rohmah, mahasiswa semester 7 Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati nu keur tatahar nyanghareupan panalungtikan skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat. 

 

You may also like

Comments

Comments are closed.