Kolom Mahasiswa

Mahasiswa Sibuk, Bener Produktif?

0

Ku:  Muhammad Farhan Rizqi 

KAHIRUPAN  mahasiswa sering pisan identik jeung kasibukan. Ti mimiti ngagawean  tugas, milu organisasi, ngahadiran kagiatan kampus, nepi ka nngacumel  di  hareupeun layar ponsel. Unggal poe saolah-olah aya wae anu kudu digarap. Tapi, di tengah réa-réana kagiatan éta, naha urang kungsi naya  ka diri sorangan, naha urang lteh bener-bener produktif atawa ngan saukur sibuk?

Kasibukan kadang ngajadikeun jalma ngarasa geus ngalakukeun loba hal. Jadwal anu pinuh dianggap tanda yén waktu geus  dipaké sacara hadé. Padahal, réana kagiatan teu salawasna nuduhkeun hasil nu mucekil. Aya mahasiswa anu meakeun  mangjam-jam pikeun ngerjakeun hiji hal, tapi tetep ngarasa ripuh mangasa ngaréngsékeun tugas utamana. Aya ogé anu katémbong aktif di sagala rupa kagiatan, tapi malah teu ngabogaan perhatian kana hal-hal anu sakuduna jadi prioritas.

Salah sahiji sababna nyaéta kabiasaan nunda pagawéan. Tugas anu sabenerna bisa diréngsékeun leuwih awal sering dipopohokeun nepi ka deukeut tapel wates. Basa waktu ngumpulkeun beuki deukeut, kakara timbul kareuwas jeung kahayang pikeun ngaréngsékeunana sagancangna. Akibatna, pagawéan dilaksanakeun kalawan buru-buru sarta hasilna kurang maksimal. Kabiasaan kitu ngajadikeun mahasiswa terus ngarasa sibuk, sanajan sabagian kasibukan éta sabenerna bisa ditinggalakeun.

Sajaba ti éta, média sosial ogé sering jadi pangaruh anu ngalihkeun perhatian. Niat awal muka ponsel meureun ngan pikeun neangan  émbaran atawa reureuh sakeudeung. Tapi, tanpa disadari, waktu  bisa béak pikeun ningali rupa-rupa unggahan jeung vidéo pondok. Sanggeus éta, timbul rasa yén poé geus kaliwat kitu wae, sedengkeun pagawéan can réngsé. Masalahna lain saukur dina téknologi, tapi dina kumaha urang ngatur waktos jeung ngadalikeun diri basa ngagunakeunana.

Sanajan kitu, jadi produktif lain hartina  kudu terus digawé tanpa reureuh. Mahasiswa ogé butuh  waaktu pikeun santai, ngariung jeung baturan, sarta ngalakukeun kagiatan anu dipikaresep. Istirahat lain hal anu kudu dianggap kasarakahan. Justru, awak jeung pikiran anu cukup istirahat bisa mantuan jalma pikeun balik fokus. Hal anu kudu diperhatikeun nyaéta kasaimbangan antara tanggung jawab, kabutuhan pribadi, jeung waaktu pikeun reureuh.

Pikeun jadi leuwih produktif, mahasiswa teu kudu ngalakukeun parobahan nu gede  sakaligus. Urang bisa ngamimitianana ku nangtukeun prioritas, nyieun jadwal anu realistis, jeung ngaréngsékeun pagawéan sacara bertahap. Ngurangan kabiasaan muka ponsel basa diajar ogé bisa jadi léngkah saderhana anu mangpaat. Anu pangpentingna lain sabaraha pinuhna jadwal, tapi sabaraha hadéna urang ngamangpaatkeun waktu  pikeun ngaréngsékeun hal-hal anu bener-bener penting.

Dina ahirna, jadi mahasiswa lain lomba pikeun nuduhkeun saha anu pangsibukna. Kasibukan teu sakuduna dijadikeun ukuran tunggal pikeun ngukur kasuksésan hiji jalma. Aya waktuna urang kudu eureun sakeudeung, ningali deui naon anu geus dilaksanakeun, jeung nimbang naha éta sakabehna mawa mangpaat.

Sabab, produktivitas lain ngeunaan ngalakukeun sabaraha hal dina sapoé, tapi ngeunaan ngalakukeun hal anu merenah kalayan tujuan anu jelas. Jadi, tinimbang saukur katémbong sibuk, naha moal leuwih hadé lamun urang bener-bener ngahasilkeun hal anu puguh jeung kaharti?*

*Muhammad Farhan Rizqi, mahasiswa semester 7 Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati nu keur tatahar panalungtikan skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.