Ku: Andini Aprillia Ependi
DINA sababaraha taun ka tukang, dunya médsos di Indonesia kawasna keur dikawasa ku budaya viral. Ampir unggal poé aya waé topik anyar nu jadi omongan balaréa, ti mimiti drama artis, kontén prank, nepi ka potongan pidato atawa ceramah nu sok dipotong sambarangan. Fenomena ieu lain ngan ukur ngahibur, tapi lalaunan mimiti ngarobah kumaha masarakat narima jeung ngolah informasi.
Nukerkeunana, kontén viral biasana teu méré kontéks nu cukup. Video sapuluh detik bisa ngarobah citra hiji jalma, tapi klarifikasi lima menit mah jarang aya nu maliré. Atuh tungtungna, sawangan (pendapat) balaréa leuwih loba diwangun ku émosi tibatan ku informasi nu lengkep.
Éfékna karasa di sagala widang. Dina ranah politik, potongan pidato bisa diputerkeun pikeun micu provokasi. Dina isu ékonomi, angka-angka nu teu dipedar sok nyieun panik teu perlu. Malah dina dunya atikan, murid leuwih resep percaya ka “tiktoker pinter” tibatan kana buku palajaran, ngan saukur lantaran cara nepikeunana leuwih basajan.
Di sisi séjén, budaya viral téh sabenerna némbongkeun poténsi kreativitas urang. Loba pisan kontén nu didik, informatif, jeung ngasuh pikiran nu bisa nyampe ka jutaan jalma. Tapi kreativitas kawas kieu sok kaleuleuwihi lantaran algoritma leuwih resep kana hal-hal kontroversial tibatan kontén nu jero.
Saeutik pisan nu bisa nyalahkeun masyarakat sabenerna. Sabab platform digital memang dirancang pikeun ngiket perhatian salila-lilana. Kontén nu rame, dramatis, jeung ngagebray leuwih dipikaresep algoritma tibatan kontén nu merlukeun mikir. Ku kituna, budaya viral leuwih sering ngahasilkeun ribut tibatan pamahaman.
Sanajan kitu, sok aya waé jalan pikeun ngabenerkeun kaayaan. Literasi digital kudu terus didorong, lain ngan ukur di sakola, tapi ogé di kulawarga jeung komunitas. Ngajarkeun cara maca kontéks, mariksa fakta basajan, jeung nahan diri saméméh nyebarkeun hiji hal bisa jadi léngkah leutik nu gedé mangpaatna.
Tungtungna, urang merlukeun budaya bermédia nu leuwih dewasa. Viral mah teu nanaon, asal ulah nepikeun ka ngorbankeun kamampuhan urang mikir. Lamun publik leuwih kritis jeung platform leuwih tanggung jawab, budaya viral moal jadi ancaman deui, malah bisa jadi kasempetan pikeun ngalegaan wawasan babarengan.*
*Andini Aprillia Ependi, mahasiswa Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati nu keur tatahar nyanghareupan seminar proposal pikeun panalungtikan skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments