Ku: Fitri Awaliyah
KOTAK rusiah ayeuna jadi gaya hirup anyar di kalangan budak ngora Indonésia. Loba barudak ngora anu meuli barang anu eusina teu kanyahoan, ngaharepkeun meunang item langka atawa koleksi khusus. Prosés muka kotak, ngarekam, tuluy unggah ka média sosial jadi bagian tina hiburan digital. Sensasi jadi inti tina kahayang maranéhna.
Di balik karamean éta, budaya rasa sieun katinggaleun (FOMO) boga pangaruh gedé. Budak ngora karasa kudu boga barang anu keur loba diomongkeun supaya teu kapisah tina obrolan di média sosial. Kotak rusiah jadi simbol anyar: lain ukur barangna, tapi momen muka kotak jeung pangakuan sosial nu datang sanggeusna, rasa panasaran jadi kabutuhan sosial.
Dina widang ékonomi, fenomena ieu jadi tambang emas pikeun produsen. Konsep kasempetan jeung kelangkaan ngajadikeun harga kotak rusiah sering leuwih mahal tibatan nilai barangna. Konsumen mindeng meuli pikeun ngudag barang langka, nepikeun kabiasaan meuli anu kurang mangpaat. Industi kaulinan, nepi ka gaya hirup ngamangpaatkeun strategi ieu sacara maksimal.
Tapi pikeun sabagian generasi Z, kotak rusiah jadi beban finansial. Loba di antarana anyar mimiti digawé atawa masih sakola, tapi geus kabawa kana kabiasaan balanja. Nalika kahayang leuwih gedé tibatan kamampuhan, tekanan ékonomi aya jeung mangaruhan méntal. Pangaluaran leutik tapi kadang leuwih nganyenyeri tibatan hiji balanja gedé.
Dina ranah sosial, kotak rusiah ngalahirkeun dinamika anyar. Aya komunitas tuker jual-meuli isi kotak rusiah, jeung ruangan nu ngabahas kasempetan meunang barang langka. Di hiji sisi ieu positif, sabab nyiptakeun komunitas hobi. Tapi di sisi séjén, tandingan bisa ngondang sirik jeung mandang nu kaleuleuwihi anu nguatkeun budaya konsumtif.
Sacara budaya, kotak rahasiah nandakeun parobahan nilai dina masyarakat urban. Kapuasan ayeuna henteu ngan ti boga barang, tapi tina pangalaman jeung carita nalika meunangna. Tradisi “muka kotak rusiah” jadi ritual anyar, ngaganti kabiasaan heubeul saperti tukeran hadiah atawa meuli anu geus pasti. Ieu nunjukkeun kumaha budaya digital ngarobah cara barudak ngora ngahartikeun kabagjaan.
Pamustunganana, ayana kotak rusiah lain ukur jang balanja, tapi gambaran parobahan budaya jeung sosial budak ngora. Aya sisi kreatif jeung pikabungaheun, tapi aya ogé résiko ékonomi jeung psikologis anu kudu ditingali. Lamun teu dikontrol meulina, bisa jadi ngarusak kaayaan. Kasaimbangan antara karesep jeung kasadaran penting pisan pikeun generasi anu hirup dina budaya digital anu gancang pisan.*
* Fitri Awaliyah, mahasiswa Prodi Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, mikaresep pasualan nu pakait jeung sosial, ekonomi jeung rumaja, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments