Kolom Mahasiswa

Rasi Jeung Sunda Wiwitan, Ngariksa Titinggal Karuhun

0

 

Ku: Salwa Fatmah Ridwan

DI tengah wewengkon Kota Cimahi, pasna di Kelurahan Leuwigajah, Kacamatan Cimahi Selatan, Jawa Barat, aya hiji kampung nu embung poho kana asal-usulna. Kampung Adat Cireundeu dicicingan ku masarakat Sunda nu tepi ka ayeuna nyekel pageuh kapercayaan Sunda Wiwitan. Didinya, adat lain ngan saukur hiasan nu dipintonkeun, tapi jadi tuntunan hirup nu dilakonan unggal poe.

Sunda Wiwitan di Cireundeu hirup ngaliwatan kalakuan sapopoe jeung runtuyan upacara adat anu sok biasa dilakonan. Nu pangkasohorna nyaeta upacara Satu Sura, nu dirayakeun ku warga bari make baju anyar sarta ngayakeun sukuran make tumpeng jeung hasil bumi. Salian ti eta aya Ngemban Taun Saka Sunda, upacara kawinan, jeung jamasan pusaka, nu jadi cara para kolot ngawanohkeun sajarah jeung tanggung jawab adat ka generasi ngora.

Kakhasan sejen Cireundeu aya dina piring dahar wargana. Ti taun 1918 masarakatna ninggalkeun sangu tuluy ngajadikeun rasi, nyaeta beas sampeu, jadi kadaharan pokok. Kabiasaan ieu dimulai ku Ibu Omah Asnamah, anak Haji Ali. Rasi lain ngan saukur gaganti sangu, tapi dipikaharti minangka wujud katahanan dahareun jeung usaha ngajaga kaarifan lokal. Dina taun 1964, Wedana Cimahi masihan gelar Pahlawan Pangan ka Ibu Omah Asnamah.

Di tukangeun eta sakabeh aya nilai karuhun saperti pikukuh tilu jeung pandangan hirup Sunda “silih asih, silih asah, silih asuh”. Kapala adat jeung sesepuh miboga peran penting dina ngajaga sangkan adat tetep lestari. Kampung ieu oge henteu nutup diri tina kamekaran jaman. Wisatawan, budak sakola, jeung panalungtik daratang, sedengkeun olahan sampeu dimekarkeun jadi produk nu mantuan ekonomi warga. Tangtanganana nyaeta kumaha carana tradisi tetep asli nalika kampung beuki loba dipikawanoh.

Pikeun urang Sunda, leuwih-leuwih pikeun mahasiswa jurnalistik, Cireundeu ngajarkeun yen ngariksa budaya lain nostalgia, tapi lampah nyata. Ku kituna jurnalisme Sunda penting pikeun nyaritakeun kampung-kampung adat kalayan hormat, akurat, jeung migunakeun basa Sunda, ambeh budaya-budaya eta teu kapopohokeun.  *                                                        *Salwa Fatmah Ridwan, mahasiswa semester 7 Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati nu keur tatahar panalungtikan skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat. 

You may also like

Comments

Comments are closed.