Ku: Gina Nurul Fitriah
URANG Sunda mah sok boga cara sorangan pikeun ngahibur batur. Tina omongan sapopoé, heureuy, nepi ka carita kahirupan kulawarga, sok aya waé hal anu matak pikaseurieun. Ayeuna, kabiasaan éta henteu ngan katempo dina kahirupan sapopoé, tapi ogé dina média sosial, hususna TikTok. Loba kontén kréator anu ngagunakeun basa Sunda sarta dipikaresep ku balaréa.
Contona, Elsa Nuraisyah jeung anakna, Acep, anu remen ngabagikeun carita kahirupan sapopoé ciri khas kontenna lamun masak teh sagala ditariguan. Aya ogé Teh Betty anu dipikawanoh ku usaha kulinerna, sarta Mang Epul Tukang Dahar anu remen nyieun kontén ngeunaan kadaharan bari ngagunakeun basa Sunda. Maranéhna miboga ciri has séwang-séwangan, boh tina cara nyarita, heureuy, boh tina eusi konténna.
Fenomena ieu némbongkeun yén basa Sunda masih miboga daya tarik, utamana lamun ditepikeun ku cara anu deukeut jeung kahirupan masarakat. Basa Sunda henteu kudu dianggap kolot atawa ngan ukur dipaké di imah. Dina jaman digital, basa Sunda ogé bisa jadi bagian tina hiburan modéren anu dipikaresep ku barudak ngora.
Tapi, naha popularitas hiburan Sunda kudu eureun dina TikTok wungkul? Numutkeun pamadegan kuring, ieu téh kasempetan anu bisa dimangpaatkeun ku télévisi lokal di Jawa Barat pikeun mekarkeun program hiburan anu leuwih deukeut jeung masarakatna.
Télévisi lokal bisa nyieun rupa-rupa program anu ngagunakeun basa Sunda. Contona, acara komédi, obrolan santai jeung kontén kréator, wisata kuliner, atawa program anu ngangkat carita unik ti masarakat Jawa Barat. Kontén kréator anu geus dipikawanoh ku balaréa ogé bisa dilibetkeun pikeun ngeusian acara. Ku cara kitu, télévisi lokal bisa méré rohangan ka jalma-jalma kréatif pikeun némbongkeun kamampuhna.
Salian ti éta, télévisi lokal bisa jadi tempat pikeun ngawanohkeun deui basa jeung budaya Sunda ka generasi ngora. Lamun programna pikaresepeun, barudak ngora moal ngarasa yén basa Sunda téh hésé atawa tinggaleun jaman. Sabalikna, maranéhna bisa ngarasa reueus sabab basa sorangan bisa dipaké dina rupa-rupa karya kréatif.
Sanajan kitu, urang ogé teu bisa langsung nyimpulkeun yén raména kontén Sunda dina TikTok pasti bakal ngajadikeun program télévisi suksés. Kabiasaan jalma lalajo vidéo pondok dina telepon sélulér tangtu béda jeung lalajo acara télévisi. Ku kituna, télévisi lokal kudu bisa nyieun konsép acara anu matak panasaran, henteu monoton, sarta luyu jeung karesep panongton. Heureuy wungkul teu cukup lamun henteu dibarengan ku eusi anu hadé.
Numutkeun kuring, média sosial jeung télévisi henteu kudu dianggap saingan wungkul. TikTok bisa jadi tempat pikeun manggihan bakat jeung gagasan anyar, sedengkeun télévisi lokal bisa mekarkeun éta gagasan jadi program anu leuwih tartib jeung miboga kualitas. Duanana bisa silihrojong pikeun ngahirupkeun industri hiburan Sunda.
Pamustunganana, urang Sunda mah euyeub ku humor, carita, jeung kréativitas. Tangtanganna ayeuna nyaéta kumaha éta poténsi bisa dimekarkeun sangkan mangpaatna leuwih lega. Ulah nepi ka hiburan Sunda ngan ramé dina média sosial, tapi poho kana kasempetan pikeun mekar dina média séjén. Sabab, ngajaga budaya Sunda téh lain ngan ukur ku cara nyarita maké basa Sunda, tapi ogé ku cara méré rohangan sangkan basa jeung budaya éta terus hirup, mekar, sarta dipikaresep ku generasi saterusna.*
*Gina Nurul Fitriah, nmahasiswa semester 7 Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, nu keur tatahar nyanghareupan panalungtikan skripsi, mikaresep seni budaya Sunda, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments