Kolom Mahasiswa

Loba Nyaho, Can Tangtu Ngarti

0

 

Ku: Septi Puja Lestari

DINA jaman digital kiwari, meunangkeun informasi téh lain deui perkara hésé. Cukup muka média sosial, urang bisa manggihan rupa-rupa béja, ti mimiti pulitik, pasualan sosial, nepi ka kahirupan sapopoé batur. Informasi datang silih ganti dina layar telepon sélulér, malah sok datang saméméh urang réngsé ngarti kana informasi anu kakara dibaca.

Urang ogé ngarasa siga nu salawasna nuturkeun kamajuan jeung kajadian panganyarna. Tapi, naha loba informasi anu ditarima téh bener-bener ngajadikeun urang ngarti kana hiji pasualan, atawa ngan saukur nyaho kana hal anu keur ramé dibahas?.

Kabiasaan maca judul wungkul tanpa muka eusi béja, atawa lalajo potongan vidéo tuluy langsung méré paniléyan, lain hal anu hésé kapanggih dina média sosial. Nalika hiji unggahan keur ramé dipadungdengkeun, sabagian jalma milu méré koméntar sanajan can nyaho kumaha saenyana éta kajadian.

Padahal, potongan vidéo can tangtu ngagambarkeun sakabéh kajadian. Kitu deui judul béja, anu henteu salawasna cukup pikeun ngajelaskeun hiji pasualan. Urang bisa waé nyaho kana hiji kajadian, tapi can tangtu ngarti kana naon anu sabenerna lumangsung.

Masalahna, informasi anu sumebar dina média sosial téh henteu salawasna ditepikeun sacara lengkep. Judul anu ngahudang kapanasaran, vidéo tanpa kontéks, jeung unggahan anu sumberna teu écés bisa nyababkeun pamahaman anu salah.

Informasi anu dibagikeun sababaraha kali ogé bisa dianggap bener ngan saukur lantaran loba jalma anu ngabahasna. Padahal, hiji hal anu viral téh can tangtu bener. Lamun urang henteu mariksa sumberna jeung maca informasi sacara gembleng, urang bisa waé nyieun kacindekan dumasar kana gambaran anu can tangtu luyu jeung kanyataan.

Balukarna henteu ngan saukur salah ngarti kana hiji béja. Informasi anu can lengkep ogé bisa dijadikeun dasar pikeun ngahakiman batur. Hiji vidéo anu sumebar, contona, bisa ngondang rupa-rupa kritik jeung cacad saméméh jalma-jalma nyaho kana kontéks kajadian anu sabenerna.

Dina kaayaan saperti kieu, koméntar anu ditulis kalawan buru-buru malah bisa ngajadikeun kaayaan beuki ruwet. Urang mémang boga hak pikeun nepikeun pamadegan, tapi lain hartina unggal informasi kudu langsung ditanggapan. Sakapeung, urang perlu néangan katerangan leuwih jauh saméméh mutuskeun informasi mana anu pantes dipercaya atawa dikoméntaran.

Di sisi séjén, gampangna ngaksés informasi muka kasempetan pikeun nambahan pangaweruh. Urang bisa maca béja tina rupa-rupa sumber, nuturkeun kamekaran hiji pasualan, atawa néangan katerangan ngeunaan hal anu can kaharti.

Tapi, kabiasaan pindah ti hiji unggahan ka unggahan séjénna bisa ngajadikeun perhatian urang gampang pabaliut. Dina sapoé, urang bisa nyaho kana loba kajadian, tapi can tangtu ngarti kana éta kajadian sacara leuwih jero. Jadi, pasualanana lain ngan ukur sabaraha loba informasi anu dibaca, tapi ogé kumaha urang ngolah éta informasi.

Kusabab kitu, kamampuh mikir kritis tetep diperlukeun di tengah ngocorna informasi. Maca béja nepi ka réngsé, mariksa sumber, jeung ngabandingkeun informasi mangrupa léngkah basajan pikeun nyingkahan kacindekan anu buru-buru. Urang memang teu kudu nalungtik unggal informasi nepi ka tuntas, tapi kudu leuwih taliti nalika nyanghareupan pasualan anu patali jeung kapentingan balaréa atawa kahirupan batur. Utamana lamun éta informasi bisa mangaruhan cara urang meunteun hiji jalma.

Nuturkeun kamekaran informasi lain hartina urang kudu nyaho atawa méré koméntar kana sagala hal. Aya kalana pangaweruh anu dipiboga ku urang can cukup pikeun meunteun hiji pasualan. Ngakuan yén pangaweruh urang masih kawates lain hartina teu paduli, tapi mangrupa kasadaran yén hiji kajadian bisa waé miboga kontéks anu can dipikanyaho ku urang. Sikep saperti kieu penting sangkan urang henteu gampang kabawa ku informasi anu ngan némbongkeun hiji sisi kajadian.

Dina ahirna, jadi pamaké média digital téh lain ngan ukur ngeunaan sabaraha gancang urang nyaho kana hiji kajadian, tapi ogé kumaha urang ngarti kana informasi saméméh percaya jeung nyebarkeunana. Sabab, nyaho kana naon anu keur lumangsung téh can tangtu sarua jeung ngarti kana naon sababna éta kajadian bisa lumangsung.*

 * Septi Puja Lestari, mahasiswa semester 7 Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati nu keur tatahar nyanghareupan panalungtikan skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.