Ku: Gita Yulia
DI Kacamatan Culamega, Kabupaten Tasikmalaya, Jawa Barat, aya hiji desa anu dilandi “Désa Seribu Curug”, nyaéta Bojongsari. Julukan eta nuduhkeun yen di dinya rea curug, leuwi, jeung pasir hejo anu masih alami.
Taun 2022, Desa Wisata Bojongsari kaasup kana jajaran 500 Besar Anugerah Desa Wisata Indonesia (ADWI). Pikeun urang lembur, prestasi eta lain ukur kareueus, tapi oge panginget yen aya nu kudu dijaga.
Ti puseur Kota Tasikmalaya, perjalanan ka Bojongsari sakitar tilu jam. Jalanna ngaliwatan Culamega, kacamatan anu oge gaduh wisata sejen saperti Moksel, Cadas Heulang, jeung Leuwi Tampiang.
Di Bojongsari sorangan aya Curug Ngebul di Kampung Curug Telu, Curug Telu anu kudu ditempuh ngaliwatan tangga alam, jeung Curug Sapi di Kampung Sawah Lega. Sapanjang jalan, panon dibebenjokeun ku pasawahan anu lega, kaasup sawah beririgasi sakitar 218 hektar, oge jambatan gantung deukeut Curug Telu. Hawa tiis jeung sora cai ngagulidag ngajadikeun nu datang hayang cicing leuwih lila.
Tapi Bojongsari lain ngan ukur alam anu éndah. Di tukangeunana aya budaya Sunda anu masih dijaga, nyaeta budaya tani jeung gotong royong. Sawah anu lega nuduhkeun yen masarakatna keneh deukeut jeung kahirupan tani, kahirupan anu ti baheula ngajarkeun urang ngajaga cai, ngajaga taneuh, jeung silih bantu nalika ngagarap sawah.
Budaya eta ayeuna kapanggih deui dina wisata. Numutkeun Kuwu Bojongsari, Guruh Ivan Kurnawan, Curug Telu téh wisata berbasis gotong royong anu terus ditata. Hal eta saluyu jeung paribasa silih asah, silih asih, silih asuh: warga silih bantu ngajaga lembur sangkan nu datang ngarasa betah.
Ieu penting sabab budaya lain ukur kasenian atawa upacara adat. Cara urang narima tamu, ngajaga cai jeung alam, sarta babarengan ngawangun lembur oge kaasup budaya. Upama curug teu diurus, lain ngan alamna anu ruksak, tapi ngaran lembur oge milu turun. Sabalikna, upama warga daek ngajaga kabersihan, silih ingetan, jeung narima tamu kalayan ramah, wisata bisa jadi berkah anu mantuan pangbadamian warga tanpa ngaleungitkeun jati diri lembur.
Tangtu masih aya tangtangan. Sababaraha curug masih hese dihontal, jeung fasilitas kudu terus dibebenah Jumlah pangunjung anu beuki loba oge bisa ngalantarankeun runtah jeung karuksakan alam upama teu dikokolakeun. Eta sababna aturan ngajaga lingkungan kudu dihargaan babarengan, boh ku warga, boh ku wisatawan.
Di dieu urang ngora boga peran anu penting. Urang bisa nyaritakeun Bojongsari ngaliwatan tulisan, poto, jeung video make basa Sunda, sangkan dunya nyaho yén lembur urang teu ngan ukur endah, tapi oge boga budaya anu hade. Upama urang lembur sorangan teu nyaritakeun, saha deui anu bakal nyaritakeun? Dina titik ieu, jurnalisme Sunda bisa jadi sasaran pikeun ngawanohkeun budaya lokal ka masarakat lega.
Bojongsari ngabuktikeun yen lembur leutik bisa jadi daya tarik upama alam jeung budayana dijaga babarengan. Hayu urang jaga, sangkan “Desa Seribu Curug” teu ngan ukur jadi ngaran, tapi jadi kareueus urang sakabeh.*
*Gita Yulia. mahasiswa smester 7 Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung nu keur tatahar panalungtikan skripsi, nganjrek di Kabupaten Tasikmalaya, Jawa Barat.






































Comments