SundaNews (22/01/2025). Kueh semprong mangrupa salah sahiji warisan kuliner urang Kuningan, Jawa Barat, anu terus mekar sarta narik wisatawan. Hal ieu dibuktikeun ku Amir Hamzah, pangusaha kueh semprong nu geus 10 taun beroperasi.
Nurutkeun Amir, kuéh semprong téh mangrupa warisan kuliner tradisional Kuningan anu kudu terus dilestarikan. “Simkuring hoyong ngalestarikeun resep kueh semprong tradisional Kuningan anu parantos turun-tumurun di sebagian masarakat. Nanging, masih seueur anu henteu hoyong ngadamelna kusabab cara ngadamelna rada hese,” ceuk Amir ka SundaNews.
Pikeun ngajaga kualitas jeung rasa kueh semprong, Amir ngagunakeun bahan-bahan alami jeung resep asli Kuningan. “Urang ogé merhatikeun prosés ngolah jeung bungkusan pikeun ngajaga kualitas produk,” tambahna.
Amir ogé ngungkabkeun yén kuéh semprong miboga ajén ékonomi anu luhur.
“Kueh semprong bisa jadi sumber panghasilan masarakat Kuningan,” pokna. Salian ti éta, Amir ogé miharep kuéh semprong bisa jadi salah sahiji tujuan wisata kuliner di Kuningan.
“Mudah-mudahan urang tiasa ngalegaan pasar sareng ningkatkeun kasadaran masarakat kana pentingna ngalestarikeun kuliner tradisional,” saurna. Ku kituna, kuéh semprong bisa jadi salah sahiji ikon kuliner urang Kuningan anu terus mekar sarta narik para wisatawan
Pikeun nu hayang ngarasaan kueh semprong Kuningan asli, tiasa nganjang ka alamat Jl. Cikadu-Nusaherang, Kuningan, Jawa Barat. Amir ge bisa dikontak Amir ngaliwatan HP/WA: telepon 081321234567 atawa Instagram @Semprong_Salsa. (M. Yusuf, mahsiswa Prodi Ilmu Komunikasi Stikom Bandung, Jawa Barat)
Comments