Ku: Tatang Sumarsono
“Kajeun najan kabéh pelajaran peunteun genep gé, nu penting mah asal boga ijasah,” omong Bung Ketua.
“Boga ari ijasah mah, Bung Ketua. Tapi ukur ti Pakét B, cekéng gé. Ari ari Pakét B mah apan ukur satata jeung SMP.”
“Jadi silaing téh tacan boga ijasah Pakét C?” ceuk Dén Haji. “Gampang éta mah, Dul. Asal miluan heula wé sakeudeung, terus milu ujian. Nyaho aya wé ijasah mah.”
“Tuh geuning, Gégé, kurang kumaha éta Dén Haji ngajeujeuhkeun. Nu penting mah asal daék,” ceuk Mang Upang.
Dulkonang ngahuleng. Laju pokna, “Tapi angger asa teu sanggup ah.”
“Heueuh, ari pangna silaing teu sanggup naha pédah naon?” Dén Haji nanya deui.
“Apan cenah anu rék jadi calon mah saratna teu meunang … nyandung,” témbal Dulkonang bari ngabéléhém.
“Ah, ceuk saha? Teu nanaon éta mah,” omong Bung Ketua.
“Yeuh, ari lalaki nyandung téh cirina hébat,” omong Uwa Aléh. “Apan ari lalaki nyandung téh aya opat kamungkinan.”
“Kumaha tah, Wa?” Uding rikat nanya.
“Kahiji, sabab kasép. Kadua, sabab beunghar. Katilu, sabab boga jabatan. Kaopat, sabab gélo,” témbal Uwa Aléh bari ngahahah.
“Ari Uwa asup kana kolom mana, tah?”
“Ari déwék mah sabab … takdir,” témbalna deui bari angger ngahahah.
“Geus waé, Dul, énté daék maju, nya?” omong Bung Ketua.
“Nya atuh, ari kitu aturanana mah, heug waé,” témbal Dulkonang.
“Tah, ayeuna geus aya opat bakal calon anu bakal diajukeun ka pangurus cabang, nyaéta Néng Loli, Néng Maharani, Bung Dulkonang, jeung sayah,” omong Bung Ketua.
“Tuh ning, Gégé, ayeuna mah manéh geus sah mun disebut Bung Dulkonang,” omong Mang Upang.
Saréréa seuri.
“Cukup lah opat bakal calon gé, Bung Ketua,” omong Uding.
“Kumaha, rék dianggap cukup?” Bung Ketua nanya ka hadirin.
“Satuju ….”
“Nya atuh ari saréréa geus satuju mah, ieu rapat téh ayeuna urang tutup waé,” omong Bung Ketua.
“Ngan kadé, ulah aya nu lanca-linci. Ayeuna nyebut sanggup, ari dina waktuna terus mundur. Tah, ulah tepi ka kitu,” ceuk Dén Haji.
“Moal atuh. Bet piraku para kandidat rék ngéra-ngéra lembur sorangan,” omong Uwa Aléh.
“Enya lah, geus wé geura tutup rapat mah, Bung Ketua. Ayeuna mah giliran nyanghareupan kukumbul,” omong Dulkonang.
Tok, tok ….
“Alhamdulillah.”
**
“Ari daptar pikandidateun téh geus diiangkeun ka pangurus cabang?” Dulkonang nanya ka ketua partéy—mani bangun dines pisan.
Manéhna mani ngahajakeun datang ka sekretariat, bélaan ti pasar gagaridusan balik. Untungna téh daganganana geus dibajongkeun ka Haji Duyéh.
“Nya enggeus atuh ti mangkukna ogé,” témbal Bung Ketua.
“Alah aing mah, kumaha atuh, nya?”
“Naha aya naon maké nanya kitu, Dul? Mani asa araranéh ieu téh,” omong Dén Haji.
“Nyéta, Dén, sanggeus dipikir dibulak-balik mah, asa teu sanggup miluan nyalon téh,” walon Dulkonang.
“Tuh, sok teu puguh silaing mah. Apan dina rapat geus dipeupeujeuhanan yén sakur anu diajukeun ku partéy urang pikeun miluan ngandidat, ulah tepi ka dirobah deui. Aya opat bakal calon, nyaéta Bung Océng, Si Nénéng, Maharani, jeung silaing,” omong Dén Haji.
“Nyéta cekéng gé, Dén, sanggeus dipikir deui, asa teu sanggup jadi bakal calon téh,” omong Dulkonang, bangun nu bingung.
“Teu sanggup téh, naha pédah naon, Dul?”
“Apan ijasah Pakét C mah keur diuruskeun. Minggu hareup gé geus kelar,” omong Dén Haji.
“Lain sual ijasah, Dén Haji. Da abdi gé percaya, mun diuruskeun ku Dén Haji mah bakal babari,” omong Dulkonang.
“Ari enggeus, naon atuh?” Bung Océng nanya.
“Waragadna, Bung Ketua. Komo mun geus mimiti usum kompanyeu,” témbalna.
“Tong waka mikiran ka dinya. Nu penting mah daék heula wé,” omong Dén Haji. “Yeuh, ngeunaan ijasah, geus tong dipasualkeun. Nyaho aya wé silaing mah.”
“Apan sahenteuna meureun, Dén Haji, kudu boga keukeupeulan dina rék maju ka usum kompanyeu mah. Leuwih-leuwih ti rék nyanghareupan lebaran tangtuna gé,” omong Dulkonang. “Apan ari kompanyeu téh kudu bari ngabagi-bagi topi jeung kaos, malah sok ditambahan ku sembako. Beu kudu nyadiakeun sabaraha rébu bungkus, étah! Lain édél-édél lobana gé, ari sembako keur kaperluan kompanyeu mah.”
“Urusan kaos, topi, malah jeung rompina, éta mah bakal aya bantuan ti partéy. Jadi énté mah teu kudu riweuh-riweuh nyadiakeun, Dul,” omong Bung Ketua.
“Éta deuih, Bung Ketua. Geuning ari kasebutna ka calon mah, sok loba nu ngahaja datang ka imah. Apan sok terus diamplopan éta téh. Da tada teuing jadi omongna, mun anu daratang ka imah urang, terus menyatakan dukungan, ari ku urang teu dibahanan amplop.”
“Ceuk déwék, tong waka dipikiran sual éta mah.”
“Tuh, ceuk bendahara gé tong waka dipikiran. Éta téh hartina Dén Haji rék milu tanggung jawab,” omong ketua.
“Dina enyana gé, Bung Ketua, aya duit minangka keur cecekelan, asa lebar mun dipaké kompanyeu mah. Asa mending dibeulikeun kana jongko di pasar, ngarah bisa mayeng dagang.”
“Ah, énté mah, Dul. Béda deuih atuh ieu mah urusanana. Ieu mah apan urusan kahormatan partéy. Hanas urang kudu ngaluarkeun duit, nya teu nanaon, da mémang kitu kuduna,” ceuk Dén Haji. (nyambung)
*Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, carponis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, panarima dua kali Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments