Carita Nyambung

Carita Nyambung (20):
Partey Salam Manis

0

Ku:Tatang Sumarsono

 Uwa Aléh gé sarua pamanggihna. Pokna ogé, “Keur naon lah maké hayang abring-abringan. Lain waé matak ngamacétkeun ka anu lalar liwat, tapi deuih déét picalakaeun, jaba sok nungtun kana pipaséaeun.”

“Puguh enya, nu kapikir ku abdi gé kitu, Uwa,” Tatang ngéngklokan.

“Heueuh. Lain karék sakali, dua kali, Uwa sok diajakan kompanyeu abring-abringan terus sina mungpung di lapang téh. Tapi da ah, teu jadi jaminan bakal marilih urang tah nu tingalabring atawa jarogéd hareupeun panggung téh. Kaasup deuih anu ku urang diolo ku kaos, topi, atawa kalénder. Kaasup anu ku urang dibéré sembako. Geuning ti heula gé aya kandidat anu méré sepiker jeung sajadah ka DKM, sangkan jamaah di masjidna marilih manéhna. Ari pék dina derna mah bet ngabulasin,” omong Uwa Aléh.

“Enya, abdi gé apal. Dina Pemilu anu kamari apan nya, Uwa? Misah kacamatan apan jeung urang mah.”

“Heueuh. Lantaran éléh, ahirna sakur babarangan téh ku si calon dipénta deui. Apan ngérakeun éta téh. Nyumbang ka masjid bet dipatalikeun jeung  meuli sora dina Pemilu.”

“Anu matak abi mah mol nyadiakeun nanaon, iwal nu geus dibahanan ku partéy,” omong Dulkonang.

“Enya, alus gé kitu. Urang mah mending mending ngayakeun kagiatan anu teu maké duit, tapi karasa mangpaatna ku balaréa. Anu matak Uwa satuju pisan mun isukan ngayakeun kerja bakti miara lingkungan. Malah alusna mah ulah ngan sawates walungan jeung jalan wungkul, tapi deuih pajaratan. Urang téh sok mindeng poho ka pajaratan mah, lin? Da mindeng hirup téh katungkulkeun ku dunya, tepi ka poho yén hiji waktu mah urang téh bakal matuh di pajaratan.”

Dulkonang jeung Tatang unggut-unggutan.

“Tah, mun arék mah, hayu urang beresihan pajaratan di Pasir Kidang. Éta mah apan jolok, jadi langka aya nu daék ngalanto, komo mun niatna meresihan mah,” omong Uwa Aléh deui.

“Éta mah makam karamat apan, Uwa.”

“Apan heueuh.”

“Urang sakalian wé bari nyepi di dinya,” omong Tatang.

“Jéh, ari silang. Apan urang mah niat gé rék bebersih ka dinya téh, lain rék nyepén. Engkin deui mun hayang nyepén di dinya mah. Biasana bulan Mulud,” Uwa Aléh megat omongan.

“Ah, keueung, Wa. Abdi mah borangan,” omong Tatang.

“Jéh, kawas lain lalaki waé. Ku Uwa dianteur, mun arék mah.”

“Ari kitu onamanan.”

Isukna, isuk-isuk kénéh, Dulkonang geus tatahar rék kompanyeu.  Mégapon meunang nginjeum ti Pa Guru disoléndangkeun. Tukangeunana, Tatang jeung sawatara urang anu jadi anggota tim kerja ngabring mawa spanduk anu di tengahna aya foto Dulkonang. Aya nu mangmawakeun calung deuih, najan ukur satiiran, mélodina wungkul. Engké cenah rék ditabeuh, itung-itung hiburanana. Hanjakal Pa Guru mah teu bisa hadir, sabab cenah aya pancén ti kulawargana pikeun malatukan dina acara nanyaan.

Tétéla Uwa Aléh jeung sawatara muridna mah geus leuwih ti heula datang, aya likurna. Marawa pakakas pikeun digawé, apan rék meresihan walungan.

Teu kungsi lila, saméméh der kerja bakti, Dulkonang nyarita heula maké mégapon:

“Mangrupikeun pengumuman. Hayu urang babarengan meresihan lingkungan. Ieu walungan ayeuna urang beresihan ku saréréa. Urang sina lancar palid caina, sangkan genah pikeun saréréa. Mangga geura dareugdeug ….!”

Tatang ngaharéwos, “Sebutkeun atuh, ieu téh bagian tina kagiatan kompanyeu.”

“Ieu kagiatan kerja bakti téh mangrupikeun kagiatan kompanyeu sim kuring, wakil ti Partéy Salam Manis. Kadé harilap milih sim kuring dina Pemilu nu badé dongkap ….”

Breng waé digarawé. Sawaréh alancrub ka walungan, nyokotan runtah anu ngalantarankeun cai jadi kapendet—lolobana runtah pelastik. Da kitu geuning, najan geus dibéjaan gé, angger waé sok aya anu miceun runtah ka walungan. Runtahna dihanjatkeun, diakutan ka nu rada negrak, terus dihéarkeun, engkéna rék diduruk.

Mun diitung mah, nu aya di dinya téh moal leuwih ti opat puluh jalma. Aya éta gé anu nyalampeurkeun mah, da meureun aya naon bet aya raraméan di walungan. Tapi sanggeus apaleun yén ukur kompanyeu dieusian ku kerja bakti mah, maranéhna kalah terus baralik deui.

“Naon ah, geuning ukur kompanyeu. Bet kacapé-capé kudu bari kerja bakti sagala,” ceuk nu ngaléos ti tempat kompanyeu Dulkonang.

“Heueuh, ari sugan téh bari rék dibagi sembako atawa amplok,” nu séjén mairan.

“Atuh teu dibagi sembako gé, matak naon aya hiburan dangdutan, ngarah urang bisa jogéd,” omong nu séjén. “Ieu mah ukur Si Dulkonang nakolan calung, bari ngan sorangan deuih.”

“Moal gé payu atuh kompanyeu ku cara kitu mah.”

Tapi, ti antara nu datang téh, aya ogé anu terus mantuan. Ngan nya kitu, ukur hiji-dua. Dina katambahan deuina gé teu loba. Aya deui nu daratang kapandeurian. Aya nu terus mantuan, aya nu ngan ukur ngadon campego nempokeun nu keur digarawé. (nyambung)

       *Tatang Sumarsno, dosen, jurnalis, carponis, esais, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, dileler dua kali Hadiah Sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *