Carita Nyambung

Carita Nyambung (18):
Partey Salam Manis

0

 

Ku: Tatang Sumarsono

 “Kumaha yeuh program ti calon wanitana?” nanya ka dua kandidat séjénna.

“Abdi mah badé ningkatkeun pemberdayaan perempuan,” témbal Maharani. “Harus diupayakan agar perempuan itu beremansipasi. Harus maju, tidak kalah oleh laki-laki. Apalagi pada jaman globalisasi sekarang ini. Karena itulah saya maju ke dunia politik, ” pokna sumanget, tapi kalimahna jiga beunang ngapalkeun.

“Hébat, hébat …,” ceuk Néng Wartawati.

“Ibu Calon, satuju teu kana poligami?” Wartawan Dobrak nanya.

“Jelas henteu. Éta melanggar asas keadilan, dan bisa ngaganggu stabilitas,” témbal Maharani.

“Kumaha pami carogé Ibu poligami?” nanya deui.

“Ouw …. Mendingan papisah aja,” témbalna deui.

“Asyiiiikkkk ….”

“Heup heula sual éta mah! Apan nu dibahas ku urang mah program partéy,” Bung Ketua ngahuit.

“Habis sih … abdi ditanyain sual itu,” omong Maharani bari ngadilak.

Bet kabeneran Dulkonang keur melong ka Maharani pisan, atuh jadi peupeureudeuyan.

“Sok ah, dilanjut deui!” ceuk Dén Haji.

“Kumaha yeuh, pamendak tokoh wanita kita yang satu lagi,” ceuk Wartawan Dobrak.

“Sami wé sareng pemandak lanceuk abdi, Tétéh Mahisya Maharani,” témbal Loli Mulyawati. “Peran wanita kedah langkung ditingkatkeun, apan hak-hak dasarna mah sami waé sareng pameget, dina pendidikan sareng profési, misalna. Ari abdi mah apan ahli ékonomi. Janten program nu badé langkung ditandeskeun téh mengenai pemberdayaan ékonomi keluarga.”

“Kumaha tah carana?” Néng Wartawati nanya.

“Di antawisna ku ngalangkungan kagiatan ningkatkeun produktivitas keluarga, misalna waé ku industri rumahan,” témbalna.

“Tiasa dipasihan conto?”

“Upamina waé ngamangpaatkeun lahan pakarangan, dipelakan tanaman produktif, minimal kanggo kaperyogian rumah tangga sadidinten. Ya, bangsaning lalab-lalaban, atanapi bahan bungbu dapur, atanapi kanggo obat-obatan herbal. Dina ékonomi gé tiasa waé ku jalan ngiring dina kagiatan bisnis. Komo ayeuna mah apan tos ramé médsos. Tah, éta tiasa dianggo sarana berbisnis. Ku cara kitu, ékonomi keluarga bakal tiasa ningkat,” témbalna, angger tatag.

Dén Haji mani unggut-unggutan, duméh ingkang putra katempo pinterna. Si Nénéng téa inteléktual, ceuk dina haténa. Teu mubah nyakolakeun béak puluh-puluh juta téh. Anu matak, rék kumaha waé carana, Si Nénéng mah kudu jadi anggota législatif.

“Abdi mah sasaran utama kompanyeu téh ka ibu-ibu. Éta téh hiji poténsi anu ageung pikeun meraih suara dina Pemilu. Di ieu kacamatan, hak pilih istri langkung seueur batan pameget,” pokna deui.

Nu araya di dinya gé sarua unggut-unggutan deuih.

“Kumaha yeuh, para kader sareng simpatisan partéy siap mendukung?” ceuk Wartawan Dobrak.

“Siaaaappp …!”

**

Mangsa derna kompanyeu,  opat calon ti Parsaman téh aya bédana dina prak-prakanana. Bung Océng mah mindeng ngabringkeun anu tarumpak motor, lolobana diiluan ku tukang ojég. Dina geus jol ka lapang anu rék dipaké hiburan téh atuh mani ramé. Tah, ari Mahisya Maharani programna leuwih loba manggungkeun éléktunan. Sarua deuih ramé ku anu jarogéd. Néng kandidat téh leuwih mindeng kénéh nyanyi batan pidato pikeun ngadadar program mun kapilih jadi anggota législatif.

“Jadi teman-teman, mau nyanyi atau pidato? Hayoh jawab …!”

“Nyanyiii ….”

“Goyaaang ….”

“Okéh, okeh …. Pokonyah jangan lupa, nanti harus coblos siapa …?”

“Maharani …,” témbal nu hadir mani réang.

“Nomor berapa …?”

“Limaaa ….”

Der deui musik. Nu jogéd tambah maceuh, sanajan panas poé ngabebetrak.

Mun Loly Mulyawati, kompanyeuna téh bari ngabagikeun sembako. Béas mah, minyak kalapa mah, malah jeung deungeun sangu atahan. Sarua ramé deuih ieu gé. Anu datang téh mani ngagimbung, ngagimbung waé.

“Mani asa kabanjel-banjel,” ceuk tas lalajo kompanyeu, balikna ngajingjing kantong anu ngahaja disablon, digambaran beungeut kandidat.

Bangsaning alat olahraga, malah jeung sajadah, loba anu dibagikeun ka masarakat. Geus karuhan ari kaos jeung kalénder mah. Anu jaradi tim kerjana ogé bangun paciweuh pisan, bari hojih deui. Mang Upang minangka koordinatorna. (nyambung)

          *Tatang Sumarsno, dosen, jurnalis, carponis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, dileler dua kali Hadiah Sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *