Carita Nyambung

Carita Nyambung (24):
Partey Salam Manis

0

Ku: Tatang Sumarsono

Enya, calon séjén mah dina poé éta téh ber ka ditu, ber ka dieu, ari Dulkonang kalah kencling ka balong, kadua sobat dalitna.

Ngan méméh ngaléos ka tempat nguseup, Dulkonang nanya heula ka anu tos memantow ti sawatara TPS, “Ari Néng Maharani, kumaha hasilna, euy?”

“Wah, jeblog éta mah,” témbal nu mawa béja.

“Cacak Bung Océng gé karék ised-isedan di handap,” nu séjén nambahan katerangan. “Jigana énté nu bakal unggul ti dapil urang mah.”

“Ah, boa teuing. Kumaha ceuk engké waé atuh. Ulah ujub, ah!”

**

Najan tacan aya wawaran resmi ti panitia, tapi di handap mah geus ramé ku anu ngasongkeun rupa-rupa pamanggih. Kawas nu enya wé bakal jadi hiji kacindekan.

“Ceuk Emang mah, Néng Loli nu bakal unggul téh,” Mang Upang ngabijilan carita.

“Ah, boa teuing teu kitu, Emang,” nu séjén aya nu ngahualkeun.

“Enya, geuning di sawatara TPS mah nu unggul téh lain Néng Loli, tapi Dulkonang,” aya nu milu ngéngklokan.

“Jéh, Emang téh geus ngider, terus hasilna geus dicatet. Tétéla anu panglobana meunang sora ti Parsaman téh Néng Loli,” Mang Upang keukeuh.

“Nya geus waé atuh. Apan éta mah karék hasil samentara. Apan jumlah sora di sakabéh TPS-na ogé tacan dirékap,” aya nu nyarita kitu.

Rada kaharti mun Mang Upang nyebutkeun yén budak Dén Haji unggul téh, apan manéhna minangka anu ngokojoan di tim kerjana. Da salila lumangsung kompanyeu téh, Mang Upang mah kaasup anu hojih. Dén Haji tara mungpang mun Mang Upang nyebutkeun aya pangabutuh pikeun kaperluan kompanyeu.

Ari di tim kerja Bung Océng mah séjén deui obrolanana. Ceuk maranéhna, nu panglobana meunang sora téh calon anu ayeuna jadi ketua partéy.

“Matak teu kaharti atuh mun ketua partéy tepi ka éléh mah. Di manana gé ketua mah posisina aya di luhur,” ceuk nu ngadukung Bung Océng.

“Pasti atuh,” nu séjén ngéngklokan.

“Apan ketua anu pangcapéna ngurus partéy téh. Mangkaning Bung Océng mah dadahutna gé ti saméméh partéy ngadeg di kacamatan urang,” aya nu nyambung omongan.

Tah, mun Uding Margola keukeuh boga angkeuhan yén Mahisya Maharani anu bakal lolos jadi anggota déwan téh.

“Pék wé tengetan deui, saban ngayakeun kompanyeu, pasti nu datangna loba. Apan di dapil urang mah raresep kana jogéd,” pokna.

“Enya tuda, genah meureun mun nyoblos éta mah,” omong nu séjén.

“Nyoblos naonana heula?” bari ditungtungan ku ngahahah. Biasa, obrolan anu pibraseunana kana cawokah.

Kitu wé ramé ku anu parebut hasil itungan sora. Tapi da kabéh ogé karék dilelebah, diwangwang kumaha pipanteseunana, dumasar kana kahayang masing-masing.

Tah, rada jempéna téh sanggeus aya wawaran resmi ti anu boga kawenangan ngumumkeun hasil Pemilu, satutasna dijumlah ti kabéh TPS. Tétéla anu unggul ti Partéy Salam Manis tur bisa lolos téh ukur duaan, nyaéta Bung Océng jeung Néng Loli.

Loba anu ngarasa héran, naha lain Dulkonang anu panglobana meunang sora. Keun, da ari ka Maharani mah loba anu nganggap moal asup itungan. Mimitina ukur tingharéwos, tapi lila-lila mah aya nu betus.

“Urang teu bisa ngabantah kana putusan anu jolna ti lembaga resmi,” kitu ceuk Dén Haji saban aya nu nanya ngeunaan hasil Pemilu.

Taya anu ngomong deui mun geus dikitukeun mah.

“Jaba deuih apan dina ngitung hasil Pemilu téh ngagunakeun komputer anu canggih, anu hargana gé wah teuing sabaraha mah boa,” Dén Haji nambahan katerangan.

Sok gancang diéngklokan ku Mang Upang, “Urang mah salaku rayat, wajib taat kana putusan nagara. Lamun mungpang, bisi engkéna meunang hukuman.”

Mang Upang gé ayeuna mah ngadadak jadi asa pangnyahona deuih.

“Ah, ari pikeun sayah mah, rék saha waé nu jadi anggota législatif ti dapil urang, asana téh bet sarua waé,” omong Wan Uzéd.

Omongan Wan Uzéd loba nu ngaheueuhan. “Urang mah angger wé jadi rayat,” cenah.

Nya ari geus kitu mah naon deui atuh. Kapan wawaran ti lembaga resmina ogé geus kitu. Bung Océng jeung Néng Loli kapilih jadi anggota déwan. Peun.

Enya, naon deui atuh mun lain narima kana éta putusan. Apan anu penting dina kahirupan mah karépéh-rapihan. Kitu anu ditandeskeun ku Bung Océng jeung ku Dén Haji saban nyarita hareupeun pangurus atawa simpatisan partéy.

Tapi, sawatara poé ti harita, Dén Haji ngahajakeun nepungan Dulkonang. Mani bangun dines deuih. Padahal sasarina mah Dulkonang anu sok nepungan Dén Haji.

“Dul, kumaha ayeuna pakasaban sapopoé énté téh?”

“Ah, nya kieu wé, Dén. Naon deui atuh, da katepina ngan sakieu. Hanas capé ngalakonanana, da kumaha deui,” témbal Dulkonang. (nyambung)

          *Tatang Sumarsno, dosen, jurnalis, carponis, esais, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, dileler dua kali Hadiah Sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *