Ku Tatang Sumarsono
“Deui, Dul …! Gobang gocir deui, Dul …!” ramé tinggorowok, waktu Dulkonang geus lekasan nyanyi.
Atuh der deui nyanyi bari éngklak-éngklakan.
“Hidup Dulkonang …!”
“Dulkonang calon kita …!”
Nempo kanyataan kitu mah, pangurus partéy, kaasup pangurus cabang, loba nu héran. Tétéla geuning Dulkonang mampuh nyedot massa, Komo Dén Haji mah tepi ka gogodeg.
“Sepertinya dia mengakar juga, ya,” ceuk Bung Alvert. “Tampaknya dia jadi kuda hitam.”
“Enya, katempona mah bakal jadi calon kuat,” omong Drs. Oman.
“Padahal Dulkonang mah teu ngaluarkeun pisan modal. Kompanyeuna gé ukur ngayakeun kerja bakti,” Uding Margola nambahan katerangan.
Dén Haji teu ngomong.
Tétéla kaitung loba anu boga kasimpulan yén Dulkonang kuat daya tarikna téh. Warga masarakat ogé loba nu ngarasa simpati, sok sanajan matéri kompanyeuna béda ti nu séjén. Dulkonang dianggap kandidat alternatif anu enya-enya nyata pageuh akarna dina kahirupan balaréa,
Éta pangna, waktu saméméh lumangsung Pemilu, loba masarakat anu neguh yén sora Dulkonang bakal unggul. Nya hal ieu anu ngalantarankeun calon lianna gegebegan ogé. Malah teu ngan sawates di lingkungan calon anu sapartéy. Kandidat ti partéy séjén ogé, anu sadapil mah sarua teu genah cicing. Dulkonang anu ngandidat ngandelkeun modal dengkul, paling ukur diémbohan ku calung satiiran hég éngklak-éngklakan, tétéla geus dianggap bisa ngarebut simpati masarakat, batan calon anu maju bébéakan bari dirojong ku gedéna modal.
Dén Haji gé sarua jadi teu genah cicing, sarta terus meres uteuk, kumaha carana calon anu dijagokeun ku manéhna teu éléh pamor. Padahal tarékah mah asa geus kurang kumaha; wur ka ditu, wur ka dieu, teu lebar ku rajakaya—nu penting mah Néng Loly Mulyawati, SE, ME bisa lolos jadi anggota législatif. Atuh Bung Océng sarua deuih, sakitu geus bébéakan narik simpati balaréa ku rupa-rupa cara.
Sawatara poé saméméh der nyoblos di TPS, Dén Haji ngobrol paduduaan jeung Drs. Oman. Lila-lila obrolanana nyabit-nyabit ngeunaan Dulkonang.
“Dia berhasil merebut simpati rayat,” omong Drs. Oman. “Sumbangan suara Dulkonang ka partéy urang pastina bakal gedé.”
“Naha manéhna bakal lolos ka déwan?” Dén Haji nanya.
“Gedé kamungkinan,” témbal Drs. Oman.
Dén Haji ngahuleng. Hal éta jigana terus kabaca ku Drs. Oman.
“Dén …,” Drs. Oman ngaharéwos. “Tenang wé ….”
“Enya, sok atuh atur-atur ti ayeuna …,” témbal Dén Haji, sarua ngaharéwos.
“Gampang éta mah, masing tepi ka tingkat paling luhur gé.”
“Kira-kira sabaraha?”
“Engké, urang kalkulasi heula angkana mah,” témbal Drs. Oman. “Nu penting mah ulah tepi ka jadi ramé terus aya gugatan. Bung Dulkonang kudu dibéré kompénsasi, sangkan jempé.”
“Geus kapikir tepi ka lebah gé. Tenang urusan Si Dul mah, da geus kakeupeul,” omong Dén Haji.
“Okéh, asal Dén Haji geus siap.”
Dén Haji unggeuk-unggeukan, tanda satuju.
Dina waktuna pencoblosan, tim kerja téh digarawé deui. Disebar ka saban TPS, pikeun nyatetkeun hasilna. Ramé, malah sok rajeun asa leuwih sibuk batan panitia. Ngan Dulkonang mah teu kabawakeun kikituan. Pokna ogé, “Kuma béhna waé.”
Éta gé, sanggeus hasil Pemilu mimiti nungtutan diumumkeun di TPS mah, aya anu méré laporan ka manéhna.
“Hasil ti sawatara TPS mah énté unggul, Dul,” ceuk nu mawa laporan.
“Heueuh, sukur atuh. Tapi da tacan karuhan, mun sakabéh sora ti saban TPS geus dikumpulkeun mah,” pokna.
“Sok atuh ayeuna énté ngider ka saban TPS, ngarah langsung kanyahoan,” omong nu séjén.
“Ah, asa horéam. Keun waé atuh, apan aya ieuh panitiana. Urang nyaho engké wé hasilna. Da geus pasti panitia gé digawéna bakal balener, saluyu jeung aturan,” omong Dulkonang deui.
“Ah, énté mah teu beunang dibéjaan.”
Jol deui nu mawa béja ti wewengkon séjén.
“Dul, sora beubeunangan énté pasusul-susul jeung Néng Loly.”
“Oh, kitu? Alus waé itung-itung babalapan,” omong Dulkonang bari ngahéhéh.
“Énté moal nguriling ka saban TPS, Dul?” nu datang pandeuri nanya, duméh nempo Dulkonang kalah mérésan jeujeur.
“Ah, asa mending nguseup,” témbalna. “Keun baé urusan ngajumlah-jamléh sora di TPS mah, da aya patugasna ieuh. Urang percayakeun wé ka anu geus dibéré amanat ku nagara.” (nyambung)
*Tatang Sumarsno, dosen, jurnalis, carponis, esais, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, dileler dua kali Hadiah Sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.
Comments