Carita Nyambung

Carita Nyambung (19):
Partey Salam Manis

0

Ku: Tatang Sumarsono   

Isukan giliran Dulkonang jadwal kompanyeu téh.

“Ari ceuk uing mah, euy, nanaonan maké kudu pidato dina panggung sagala,” omong sobatna.

“Naha manéh maké nyarita kitu, Tang?” Dulkonang gasik nanya.

“Geus bosen. Pék geura, nu dipidatokeun ku saban kandidat téh méh kitu-kitu kénéh. Leuheung mun ngadéngékeunana ngalartieun éta téh. Boa kétang nu pidatona ogé teu enya-enya ngarti,” témbal Tatang.

“Heueuh, da. Boa uing gé tacan enya-enya ngarti kana bahan anu kudu dipidatokeun dina kampanyeu téh. Pokona mah démokrasi, partisipasi, législasi wé.”

“Ti mana geuning geus boga bahan?”

“Apan dibagi ti partéy. Aya nu disebut materi umumna apan. Hanas ku urang rék disambaraan deui ngarah dianggap nyari, nya alus waé. Tapi ah, uing mah boro-boro bisa nyambaraan, da karék maca materi umumna gé teu sagemblengna ngarti. Mending dititah nyalung uing mah.”

“Komo kitu. Geus waé tong pipidatoan sagala. Pokona mah béjakeun ka balaréa yén énté ayeuna jadi calon, terus ajakan sangkan maranéhna daékeun milih énté.”

“Heueuh ari kituna téa mah. Tapi da rék nyalung gé apan euweuh baturna. Mun ménta ka babaturan sina marengan nyalung, apan kudu dibayar.

“Geus waé atuh énté éngklak-éngklakan sorangan bari ngajingjing calung. Keun waé teu maké pamirig gé.”

“Alus mun kitu?” Dulkonang gasik nanya.

“Nya alus. Jadi éngké téh sesebutanana calung solo karier, ha-hah ….”

“Ah, silaing mah kalah ngaheureuykeun.”

“Jih, lain ngaheureuykeun uing mah, Dul. Geura hayu urang ménta pamanggih ka Pa Guru,” omong sobatna.

“Heueuh nya, euy, mending nepungan heula Pa Guru. Sakalian deuih nepungan Uwa Aléh. Urang pénta pamanggihna, kumaha kira-kira ngeusian jadwal kompanyeu isuk.”

Geus kitu mah, dorotdot waé motor butut téh digeuleuyeungkeun. Dulkonang diboncéng ku sobatna. Teu dihélem-hélem acan, da moal aya pulisi ieuh, cenah.

Pa Guru Elom nyatujuan kana gagasan Tatang. “Enya, naon gunana sina abring-abringan datang kana kompanyeu, da maranéhna téh tacan tangtu bakal milih urang.”

“Éta deuih, Pa Guru, mun masang panggung mah biayana ti mana. Jaba deuih kudu nyéwa sonsistem.”

“Anu matak kompanyeu téh ceuk Bapa mah mending dieusian ku kagiatan anu nyata. Maksudna, nyata karasa mangpaatna ku balaréa. Lain ngan saukur-ukur abring-abringan,” ceuk Pa Guru.

“Bari nanggap anu pidato deuih,” Tatang ngéngklokan.

“Kitu ongkoh. Malah nu kabandungan mah kalah sok jadi déét pipaséaeun.”

“Naon tah, Pa Guru, kagiatan anu nyata mangpaatna téh?” Dulkonang nanya.

“Upamana baé ngayakeun kerja bakti,” témbal Pa Guru. “Keun baé batur mah kompanyeu téh ku ngayakeun hiburan, rék dangdutan rék bajidoran. Urang mah mending néangan bentuk séjén. Kerjabakti meresihan solokan, atawa jalan, atawa pajaratan, misalna. Tuh apan éta mah bakal karasa mangpaatna ku balaréa, da lingkungan jadi beresih.”

“Tapi, aya nu daékeun, kitu, mun kompanyeu ku cara kerjabakti?” Dulkonang nanya.

“Atuh aya waé nu daékeun miluan, nya alus. Dina henteuna gé, urang-urang wé, itung-itung méré conto.”

“Tapi angger kedah bari nyandak spanduk nya, Pa Guru?” omong Tatang.

“Nya enya atuh. Apan ngaranna gé kompanyeu anu maksudna ngawanohkeun urang ka balaréa. Jeung deuih Dulkonang gé kudu nyarita deuih, kumaha ilaharna anu kompanyeu,” jawab Pa Guru.

“Pidato téa, Pa?”

“Ah, ulah disebut pidato. Ieu mah ukur nyarita ka balaréa yén urang téh keur nyalon, terus terangkeun naon nu jadi tujuanana.”

“Atuh kedah nyéwa sonsistem, Pa.”

“Maké mégapon wé, di Bapa gé aya, sésa baréto jaman keur dines di sakola. Jig paké,” omong Pa Guru.

“Tah, enya. Dul. Geus wé maké éta, tong teuing nyéwa sonsistem sagala. Mahal. Da mégapon gé sarua sorana mah tarik,” omong Tatang.

“Badé ditambut wé mégaponna, Pa.”

“Pék waé. Meuli heula wé batréna, tapina,” témbal Pa Guru. (nyambung)

        *Tatang Sumarsno, dosen, jurnalis, carponis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, dileler dua kali Hadiah Sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *