Carita Nyambung

Carita Nyambung (25):
Partey Salam Manis

0

Ku: Tatang Sumarsono

“Enya, geus kasawang lebah capéna mah. Kudu ider-ideran mapay ka kebon batur, pikeun néangan hasil bumi bajongeun, terus engké dibawa ka pasar. Mangkaning apan kebon téh lokasina loba anu jolok. Ulah waka ku mobil, dalah ku motor gé teu bisa disorang. Mangkaning deuih apan hasil bajongan téh kudu diakutan. Jadi meureun wayahna wé dipanggulan atawa ditanggung bulak-balik.”

“Mémang kitu, Dén, usaha abdi ayeuna mah. Mémang éta jalanna deuih.”

“Kumaha atuh mun kieu, Dul,” ceuk Dén Haji sanggeus jempé heula sakedapan. “Kumaha mun énté ngeusian kios boga sayah. Lain ti heula énté nyarita hayang boga jongko?”

“Wah atuh, Dén, ti mana keur nyéwana, mun nempatan kios di pasar mah. Komo mun tepi ka meuli jongko, da teuing sabaraha hargana. Mémang, ari lebah genahna mah tangtu bakal leuwih genah, da teu kudu udar-ider asruk-asrukan mapay ka kebon boga batur. Dagang di pasar mah moal kudu bari papanasan atawa huhujanan. Geus pasti kitu.”

“Teu kudu nyéwa, Dul.”

“Kumaha maksud Dén Haji téh?”

“Enya, sayah téh apan boga kios di Pasar Anyar. Pék wé paké dagang ku énté. Teu kudu mikiran nyéwana. Pokona mah asal daék maké, ku sayah rék dibikeun ka énté. Malah sakalian dibarangan ku sayah. Lebah mayarna mah engké waé mun geus payu.”

Dulkonang ngahuleng, laju pokna, “Nya tangtuna gé abdi nganuhunkeun pisan. Tapi naon anu jadi dasarna, Dén Haji bet kitu?”

“Nu jadi dasarna?” ngahuleng heula. “Atuh nya hayang waé sayah ngabantu kahirupan énté. Apan ceuk sayah gé, sayah wawuh ka énté téh lain karék sakatiga,” témbal Dén Haji. “Geus, tong nanyakeun deui naon anu jadi alesan séjénna. Pokona, mun énté daék, ti mimiti pagéto gé geus bisa nempatan éta kios. Pék énté dagang di dinya. Barangna mah nyaho pinuh wé.”

Dulkonang ngahuleng deui.

“Kumaha, arék?”

“Nya badé atuh, Dén, ari kitu carana mah. Nuhun,” témbal Dulkonang.

Laju Dén Haji ngasongkeun leungeun, ngajak sasalaman.

**

“Lain, euy, ieu carita dikarangna ku saha?” Mang Upang nanya.

“Naha kumaha, kitu, Semang?”

“Pédah wé caritana mani asa ramé,” témbal Mang Upang.

“Heueuh nyéta, jeung naha bet apaleun ka urang-urang,” Kang Itam mairan. “Geura éta, jol-jol apaleun wé ka tokoh Dén Haji, atawa Néng Loly Mulyawati.”

“Kitu deui waktu nyebutan tokoh partéy, kawas Bung Alvert jeung Bung Doktorandus Oman. Terus deuih maké nyebut-nyebut Uwa Aléh,” omong Mang Upang deui.

“Éta deuih, ulah kaliwat, Néng Maharani, hé-héh …,” Dulkonang nyelengkeung.

“Har, naha tacan arapal ka nu ngarang ieu carita?” ceuk Uding Margola .

“Matak nanyakeun gé lantaran teu apal atuh,” témbal nu séjén.

“Yeuh, nu ngarang ieu carita téh apan Tatang urang Cibiru téa, sobat dalit Bung Dulkonang,” omong Bung Ketua.

“Har, baruk si éta, nyah? Si borokokok?” omong Bung CD deuih.

“Is, teu meunang nyebut kitu. Najan borokokok ogé, ku partéy urang mah bisa difungsikeun,” Drs. Oman gancang ngahuit.

“Saan nya, euy. Teu sangka ning, horéng si éta,” omong nu séjén, méh ragem. (tamat)

       *Tatang Sumarsno, dosen, jurnalis, carponis, esais, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, dileler dua kali Hadiah Sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.

 

 

 

 

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *