Ku: Tatang Sumarsono
Saméméh lohor, aya anu nganteuran sangu bungkus. Tukang warung sangu anu dagangna hareupeun pasar, anu nganteurkeunana téh.
“Har saha nu mesen ieu téh?” ceuk Dulkonang.
“Pa Guru Elom. Tos diartosan da ku anjeunna,” témbal anu nganteurkeun bungkusan sangu. “Sadayana lima puluh bungkus.”
“Tuh ning, rejeki mah ti mana wé, Dul,” omong Tatang. “Ngan meureun moal picukupeun.”
“Bagikeun sakatepina waé. Rék kumaha deui, tuda.”
Enya waé, waktu dibagikeun téh, sangu kurang dalapan bungkus.
“Aya nu tacan kabagian. Yeuh kaituh meuli deui!” ceuk Uwa Aléh bari mikeun duit ka muridna. “Ka nu deukeut waé meuli sanguna gé. Tah, di gigireun sakola gé aya tukang sangu.”
“Nuhun, Uwa. Uwa mah nya tanagana, nya artosna,” omong Dulkonang.
“Heueuh, apan urang téh kudu silih bantu, kudu silih rojong, dina kahadéan. Apan kitu ceuk ajengan gé, lin?” omong Uwa Aléh.
“Kumaha atuh Uwa teu acan kabagian sangu,” omong Tatang, duméh manéhna nu ngabagikeun.
“Meugeus, tong jadi pikiran. Piraning kéjo atuh. Jeung ayeuna gé apan keur meuli deui,” témbal Uwa Aléh.
Ari geus dalahar mah, anu miluan kompanyeu téh nungtutan baralik. Najan teu sabaraha lega, tapi walungan anu geus dikerja-baktian téh jadi katémbong beresih. Kitu deui taya runtah anu matak jadi nyandet kana palidna cai.
“Urang tuluykeun deui kerja baktina dina jadwal nu bakal datang,” omong Uwa Aléh.
“Keun waé nya, Uwa, nu hadirna saeutik gé,” omong Tatang.
“Nya keun waé. Nu penting mah urang bisa baranggawé pikeun kapentingan umum. Jumlah nu hadir mah tong teuing jadi udagan,” ceuk Uwa Aléh.
“Nuhun, Uwa,” omong Dulkonang.
Dina kompanyeu anu kadua kalina, jumlah anu datang téh mimiti ngalobaan. Aya sawatara warga anu engeuh yén nu dipigawé ku Dulkonang sabalad-balad karasa mangpaatna ku balaréa, batan ukur aleut-aleutan dina kendaraan atawa jarogéd di lapang.
Minimalna lingkungan jadi rada kapiara, kitu kacindekan maranéhna, sanggeus nempo Dulkonang sabatur-batur ngayakeun kompanyeu ku cara kerja bakti. Mémang anu daratang ngadeugdeug téh teu mareunang nanaon, iwal ti sangu bungkus, bari sakapeung mah teu saréréa kabagian. Tapi warga loba nu boga anggapan yén anu dipigawé ku Dulkonang saparakanca merenah pisan mun dirojong.
Dina kompanyeu anu kasakitu kalina mah, anu daratang téh loba nu bari marawa konsumsi sorangan, terus diparurak ku saréréa. Rupa-rupa nu dibarawana ogé, sapangaboga-sapangabogana. Maranéhna daratang ka tempat kompanyeu téh lolobana mah ukur tina pabéja-béja.
Atuh dina pidato kompanyeuna ogé Dulkonang mah teu aneh-aneh deuih. Ukur kitu wé nyaritakeun kahirupan sapopoé anu ilahar disanghareupan ku balaréa. Jeung barina ogé asa kurang keuna disebut pidato mah, da ukur ngobrol kitu waé, silih tempas, bari sakapeung mah dibarung ku heureuy.
Sajaba ti ngumpulkeun massa, Dulkonang kaitung rajin ngadatangan warga, ngajak ngobrol sakatepina, bari sakapeung mah teu ngaleunjeur jejerna. Ngobrol ruwal-rawél kitu waé, ngeunaan kahirupan sapopoé.
“Dul, bisa kitu kamu mun engké geus jadi wakil rayat?” anu nanya téh Mat Pédro, patugas kaamanan swasta di pasar kacamatan.
“Nya rék bari diajar waé, sugan katepi,” témbal Dulkonang. “Jeung barina gé ieu mah ukur susuganan, da tacan tangtu kapilih.”
“Heueuh alus, ulah ambisieus, euy. Anu tipoporé hayang jadi anggta déwan terus teu kapilih téh, geuning loba nu terus jadi ébél,” baturna Mat Pédro mairan.
“Moal tepi ka kitu sayah mah. Hayang waras wé hirup téh,” omong Dulkonang.
“Ku uing didukung lah, Dul. Tenang wé,” omong Mat Pédro.
“Enya, nuhun atuh.”
“Uing mah ngadukung kamu téh pédah wé deuih di tukangna aya kasepuhan Uwa Aléh.”
Dulkonang ngan ukur unggeuk. Enya, da aya béjana yén Mat Pédro hormat pisan ka Uwa Aléh mah. *
* Tatang Sumarsno, dosen, jurnalis, carponis, esais, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, dileler dua kali Hadiah Sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.
Comments