Ku: Tatang Sumarsono
Sakapeung sok loba nu ngahaja datang nepungan Dulkonang ka imahna. Maksudna mah rék nandeskeun dukungan yén rék milih manéhna. Éta nu daratang téh salawasna ditampa kalawan soméah, najan tara kungsi aya balikna dikeupeulan atawa dibahanan oléh-oléh. Cukup ku nyebut nuhun waé.
“Teu balég, sakitu urang nyebutkeun rék ngadukung téh mani taya pisan kaingetan,” ceuk nu geus nepungan Dulkonang.
“Heueuh, matak naon mun méré roko-roko waé mah. Calon anu séjén mah geuning ari didatangan ku urang téh tara tepi ka luput méré sembako, atawa amplopna pisan,” walon nu séjén—sarua kutuk gendeng.
“Béjaan, euy, nu séjén, ulah milih Si Dulkonang, kituh! Bongan pelitna kacida.”
Rupa-rupa omongan dikedalkeun. Tapi, kituna téh ukur tukangeun.
Tapi deuih, aya anu nepungan Dulkonang téh aya teu miharep dibéré nanaon gé. Datang éstu karepna pribadi, ukur hayang tepung wungkul, bari ngawilujengkeun. Malah dina émprona mah jadi tibalik, da maranéhna anu jadi mawa dahareun, najan ukur dahareun teu pira bari hargana gé lain nu mahal. Kitu waé bangsaning hasil bumi meunang ngala ti kebon.
“Alus tah, Dul, nyalon téh jadi manjangkeun silaturahmi,” ceuk Pa Guru Elom.
“Tapi da anu ngalutruk gé aya, Pa Guru, anu samulangna ti di dieu téh. Muhun, abdi kénging béja ti batur. Naon cenah, maké daék ngadukung calon anu korétna béak karep,” tatang mairan.
“Keun waé atuh nu ngomong kitu mah,” walon Pa Guru. “Biasana gé jalma anu kararitu mah datangna lain ka urang wungkul, tapi ka calon séjén gé sarua sok sumolondo, ngarep-ngarep paméréna.”
“Malah cenah aya anu dina sapoé tepi ka datang ka genep calon gé. Nya lumayan, bisa meunang genep bungkus sembako. Jaba dibéré kaos. Malah sok aya amplop sagala,” omong Tatang.
Pa Guru Elom ngan ukur suri.
“Ah, teu bisa ngeupeulan atawa ngabahanan anu daratang téh, da naon bikeuneunana atuh,” omong Dulkonang.
“Heueuh. Taktagé kitu,” sobatna ngéngklokan.
Dina kompanyeu nutupkeun, opat calon ti Partéy Salam Manis téh sina tampil di sapanggungkeun. Éta mah minangka kompanyeu puncakna. Nu datangna ogé mani loba pisan. Saméméhna aya heula konvoy kendaraan, diluluguan ku Bung Océng. Atuh barang bus ka lapang tempat kompanyeu téh mani gandéng ku sora knalpot motor anu bangunna téh ngahaja patarik-tarik ngadorotdotna.
Atuh di panggung, personil éléktunan geus bérés tatahar. Kitu deui anu rék ngabajidor, meunang ngahaja ngondang Bung Océng. Dulkonang gé geus dijadwal bakal manggung, tapi ukur nyorangan, da taya baturna, ukur ngandelkeun sora calung satiiran anu rék ditabeuh ku manéhna.
Sakur calon dibéré giliran tampil. Tapi lebah pidato mah asa tiis-tiis waé. Padahal Bung Océng téh asa geus kurang kumaha latihanana—kumaha ngatur gaya keur pidato, jeung kumaha milihan ungkara anu dianggap hadé pikeun kaperluan kompanyeu. Komo waktu Maharani rék pidato mah, nu lalajo kompanyeu téh kalah ramé tinggorowok:
“Nyanyi …, nyanyi …! Ayo kita goyang …!”
Giliran Dulkonang, anu meunang jadwal pangpandeurina, anu hadir di lapang ramé tinggorowok:
“Hidup Bung Dulkonang …, hidup calon kita …! Ayo kita pilih Bung Dulkonang …!”
Tapi dina waktuna Dulkonang ngahaleuang mah, saréréa ngadadak jempé, bangun anu disirep. Padahal laguna mah teu ahéng teu sing.
“Cir gobang gocir
cabé beureum lada.
Cing urang taksir
Calon urang saha ….
Cir gobang gocir
Salasa jeung Kemis
Cing geura taksir
Partéy Salam Manis ….
Cir gobang gocir
Kadé bitu balon
Cing geura taksir
Abdi nuju nyalon ….” (nyambung)
*Tatang Sumarsno, dosen, jurnalis, carponis, esais, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, dileler dua kali Hadiah Sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.
































Comments