Carita Nyambung

Carita Nyambung (8):
Partey Salam Manis

0

Ku: Tatang Sumarsono

“Kacipta raména. Pasti bakal gegederan,” kitu minangka pairan ti pamilon rapat.

“Ngan kadé, euy, ulah aya anu mabok,” ceuk Uwa Aléh.

“Moal atuh, Wa, apan ieu mah acara partéy, acara formil,” walon Uding Margola.

“Pokona, mun aya nu kapanggih mabok mah, Wa, tong asa-asa, bebeskeun wé kana kolombéran,” omong nu séjén.

“Mun aya nu mabok téh, matak ngérakeun partéy, euy,” Dén Haji milu némpas. “Pokona, sayah mah geus percaya, sual kaamanan pasti bérés, da aya Uwa Aléh.”

“Siyyap lah!”

Minangka anu rada panjang téh waktu ngabahas saha-sahana anu rék diajukeun jadi bakal calon. Ari sababna mah kaitung réa pasaratan anu kudu ditedunan. Jadi, béda jeung di partéy séjén anu pahayang-hayang dicalonkeun, da ieu mah kalah paembung-embung.

“Opatan mun bisa mah nu rék diajukeun téh. Atawa dina leuwihna gé teu nanaon,” omong Bung Ketua.

“Nya geus pasti, anu kahiji mah Bung Ketua,” omong Uding Margola.

“Enya éta mah, da kitu pasaratan poko,” walon Bung Ketua. “Saha ari tiluan deui? Tina opat téh, usahakeun aya awéwé duaan.”

“Nu jelas, Si Nénéng rék sina maju,” ceuk Dén Haji.

“Satuju. Pantes pisan mun budak Dén Haji sina miluan nyalon. Apan anu ngamodalan partéy gé Dén Haji sorangan,” omong Mang Koméng.

“His, urusan ngamodalan partéy mah tong dipatalikeun jeung nyalon atuh,” Dén Haji langsung ngagebés. “Sayah mah ngajukeun Si Nénéng sotéh duméh asa kawilang pantes.”

“Pantes pisan, Dén Haji. Keur percéka téh, jaba deuih sarjana,” Dulkonang mairan.

“Magister kituh,” Dén Haji némpas.

“Tuh, komo geus mister-mister kitu mah. Ginding pisan mun nga-DPR-an téh,” ceuk Mang Itam.

“Lain mister atuh, Mang Itam, tapi magister,” Dulkonang menerkeun omongan Mang Itam.

“Heueuh atuh lah, da teu béda jauh,” Mang Itam gancang némpas. “Pokona mah anu sakolana lila, bari waragadna mahal.”

“Jéh, ari mister mah atuh kawas Mister Bean anu sok ngabodor dina filem,” ceuk Bung CD.

“Enya, geus tong kalalanjoan nyaritakeun mister,” omong Bung Océng. “Jadi saréréa satuju nya, mun Néng Loli Mulyawati, SE, ME diajukeun jadi bakal calon?”

“Satuju …,” raéng saur manuk.

“Cing saha deui?” Bung Océng nanya ka pamilon rapat.

“Éta atuh, Néng Jurutulis, kumaha?” ceuk Mang Koméng.

“Mani keukeuh étah Si Emang. Lain jurutulis, tapi sekretaris,” omong Uding.

“Ah, moal abdi mah. Teu diwidian ku pun lanceuk,” témbal Ulan Subaikoh.

“Euh, atuh hanjakal.”

“Uding, manéh atuh miluan ngandidat, nya?” ceuk Dén Haji.

“Ah, teu sanggup Dén Haji. Nu séjén wé,” témbal Uding. “Tah, maju atuh Bung Casun.”

“Sarua sayah gé embung,” témbal Bung CD.

“Naha?”

“Ijasahna ukur SMP sayah mah. Apan paling handap gé kudu SMA atau yang sederajat. Lain kitu, Bung Ketua?” omong Bung CD.

“Enya.”

“Alah, hanjakal atuh Emang ngan ukur boga ijasah SD. Cacak mun lulusan mister mah, geus pasti rék miluan nyalon,” omong Mang Itam.

“Étah aya ku keukeuh nyebut waé mister. Magister kituh, Semang.”

“Heueuh atuh lah. Pira gé béda saeutik. Naha mani opénan atuh,” omong Mang Itam.

“Geus tong heureuy waé,” ceuk Bung Ketua. “Sok saha deui anu rék maju?”

“Néng Maharani …,” kadéngé aya nu usul.

“Tah heueuh. Merenah mun anu nyekel Séksi Pemberdayaan Perempuan milu ngandidat,” omong Dén Haji. “Geus wé maju, nya? Ngarah Si Nénéng aya baturna.”

“Nya ari rapat mutuskeun kitu mah, abdi sih tidak berkeberatan,” témbal Maharani. “Pokoknya asal sesuai dengan mekanismeu partéy.”

“Sesuéy pisan …,” nu séjén mani raéng.

Tok, tok …. Pingpinan rapat ngetokkeun palu.

“Asyik ….”

“Naha maké nyebut asyik sagala?”

“Heueuh, asyik wé, sabab wanita anu ngadindat ti partéy urang geus aya duaan.”

“Urang tuluykeun deui,” omong Bung Ketua. “Kumaha Jang Burhan rék miluan ngandidat?”

“Moal ah,” témbal Jang Burhan anu ti tatadi teu loba omong.

“Naha budak ngora téh bet épés méér?” Dén Haji nanya.

“Teu gaduh biayana, Pa Haji. Ayeuna gé sambetan ka bank ageung kénéh, tilas muka usaha kana hayam, da geuning kalah ka bangkrut,” témbalna deui.

“Da teu kudu maké biaya ieuh atuh, Jang,” omong Mang Itam.

“Manasina rék muka deui usaha kana hayam, kudu ngiridit deui ka bank,” Mang Koméng ngéngklokan.

“Ah, pokona mah moal wé, Mang. Abdi mah badé pokeus kana ngawuruk barudak di madrosah.”

“Nya ari kitu onamanan,” omong Bung Ketua.

“Kumaha tah Uwa Aléh, rék nyalon?”

“Wah, Uwa teu ngalalarti kana urusan nga-DPR-an mah. Jaba teu kungsi tamat sakola dasar, sakola dasar acan, da baréto karék gé kelas genep téh lain milu ujian, tapi kalah terus dikaluarkeun ti sakola,” omong Uwa Aléh.

“Naha Uwa, maké dikaluarkeun sagala?” Dulkonang nanya.

“Apan ngajak gelut ka guru,” témbal Wa Uwa Aléh bari ngahéhéh.

“Aya kituna Si Uwa, nya.”

“Ah, éta mah jaman keur tacan hideng atuh,” omong Uwa Aléh.

“Silaing atuh, Dul, maju jadi kandidat,” omong Dén Haji.

“Ah, teu sanggup saratna,” témbal Dulkonang.

“Naha maké teu sanggup? Apan silaing kungsi lulus Pakét C, lin?”

“Nyaéta tacan lulus ari Pakét C mah. Ukur lulus ti Pakét B, waktu diayakeun di désa, bari peunteunna mani rata, kabéh genep,” témbalna deui. (nyambung)

*Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, carponis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, panarima dua kali Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *