Ku: Tatang Sumarsono
“Jaba deuih geus euweuh susuratanana. Untung waé tadi téh teu kudu ngaliwat ka jalan raya anu sok aya pulisi. Da mun kapanggih ku patugas mah geus pasti bakal ditilang, komo mun keur aya razia mah,” omong Mang Upang.
“Mun rék ditilang ku pulisi mah, béjakeun waé, keur migawé urusan partéy, kituh. Pasti ngartieun pulisi gé. Atuh mun keukeuh kudu ditilang, nya kari bikeun waé motorna. Keun urusan nyokotna mah kumaha sayah. Kari datang ka komandanna sayah mah,” ceuk Dén Haji.
“Dén Haji téa, réa kawawuhan jalma penting. Moal hésé masing kudu nguruskeun nanaon gé,” omong Mang Upang. Ti dituna mah muji Dén Haji—da mémang sok resep dipuji, jeung tara lebar maré duit deuih, asal geus kabeuli haténa.
“Tah atuh ieuh tambahna uang transport. Bisi tadi teu cukup keur meuli tangkoah,” ceuk Dén Haji bari ngasongkeun duit beureum salambar.
Tuh ning! Kontan Dén Haji mah méré émboh.
Ngan sakilat duit téh geus aya dina leungeun Mang Upang, ngagunakeun jurus monyét nyomot dagé.
“Duit sakitu mah leuwih ti lima piringeun tangkoah, tah,” ceuk Bung Océng.
“Nyéta, ayeuna mah harga tangkoah téh undak, Bung Ketua. Ti heula mah, sapuluh rébueun téh sapiring metung. Naha ari ayeuna, harga malas rébu téh kutap-kétak kénéh,” omong Mang Upang bari ngahéhéh.
“Beuteung polét héjo téa atuh,” Dén Haji mairan.
“Oh, muhun,” ceuk Ulan Subaikoh. “Ari kanggo énjing, badé nasi bungkus waé konsumsina?”
“Nasi bungkus wé,” témbal Bung Ketua.
“Padahal mah sina perasmanan wé,” Dén Haji ngéngklokan.
“Moal kaudag ku anggaran. Kajaba mun sacara pribadi ku bendahara rék ditambahan,” omong Bung Ketua bari ngiceupan ka sekretaris.
“Ah, mending nasi bungkus,” Ulan gancang némpas. “Mun parasmanan mah, bakal seueur kumbaheun. Karunya ka Ceu Anih, lebah bébérésna.”
“Nya atuh, rék nasi bungkus, kari nasi bungkus, mun kitu mah pertimbanganana,” omong Dén Haji.
“Ari pikeun Emang mah, nasi bungkus, hayu. Atuh badé perasmanan, mangga téh teuing. Nu penting mah wareg,” ceuk Mang Upang bari angger ngahéhéh.
“Enya lah. Pék waé keur Emang mah jatahna dua bungkus,” ceuk Dén Haji. “Lain sual daharna meureun nu penting mah, tapi nguseupna. Tapi tenang, geus dieusian satengah kintal, lauk saleger kénéh bawa ti Cirata.”
“Hanjakal abdi mah teu bisa nguseup. Jadi meureun moal kajatah lauk,” ceuk Ulan.
“Tenang, aya Emang. Keun dipanguseupkeun. Ti heula gé dina kongkur, laukna dipelakan nu opat kiloan. Apan Emang mah meunang dua kilo,” omong mang Upang.
“Atuh meureun laukna ngan sapotong, Semang,” Ulan rikat némpas.
Mang Upang ngahéhéh.
Isukna, tabuh dalapan téh nu rék rapat geus nungtutan daratang, kalolobaanana bari marawa jeujeur katut kojana. Jiga lain rék rapat partéy ditempo-tempo mah.
“Rapatna mah urang gancangkeun we, ngarah sakeudeung. Da nu penting mah acara nguseupna,” omong Uding Margola.
“Heueuh, urang mah kari nyebut satuju wé, naon héséna. Apan kitu ning ari nempo sidang DPR dina televisi gé,” Mang Koméng mairan.
“Nya teu tiasa kitu atuh. Apan ieu téh rapat partéy. Kedah serius,” ceuk Maharani.
“Ah, seriusna mah pék waé keur nu enya-enya mangarti, Néng,” Dulkonang ngéngklokan—mani bangun atoh pédah cikénéh nu nyaritana Néng Maharani ti Séksi Pemberdayaan Perempuan, mangkaning ayeuna keur lalagasan.
“Nu penting mah, Dul, calung ramékeun deui. Terus urang mentas di mamana engké téh, mun geus cunduk usum kompanyeu, ngarah rahayat loba nu milih partéy urang,” omong Bung CD.
“Siyyap lah, Komandan,” walon Dulkonang. “Ngan ieu téh teu kasawang saha nu rék jadi biduanana.”
“Apan éta aya, Néng Maharani,” Bung CD rikat nembalan.
“Tak usyah ya. Aku mah tidak bisa nyanyi paké iringan calung,” ceuk Maharani bari jebi.
“Enya lah, urang maké éléktunan, laguna dangdutan. Ngan Enéng goyangna sing seru,” omong Uding Margola bari ngahéhéh.
Maharani ngajebian deui.
Lancar taya ganjelan, najan kasebutna rapat partéy pulitik. Euweuh anu interupsi, mana komo ngadebat omongan pingpinan rapat mah. Unggal ketua ngasongkeun rarancang, pamilon rapat ragem nyebut, “Satuju ….”
Trok, trok …. Sora palu pingpinan rapat minangka tangara disaluyuanana putusan partéy. Tambahan susunan pangurus teu lila disahkeunana. Jajauheun tina ragot pacéntal-céntal. Pokona mah: guyub—saluyu jeung ngaran partéyna: Salam Manis.
Iraha waktuna pelantikan pengurus, jeung rék di mana tempatna, teu kungsi panjang jadi babadamian. Nu penting mah asal sing ramé, cenah.
“Atur wé éta mah ku Dén Haji nu boga duitna,” ceuk Uwa Aléh. “Urusan kaamanan, pasrahkeun ka Uwa. Kitu deui mun kudu mawa jalma, hayang sabaraha ratus? Loba lah, kari ngeprik barudak.”
“Tapi meureun kudu diongkosan, Uwa,” ceuk Mang Upang.
“Nya heueuh, da apan ari angkot téh henteu ciatah,” témbal Uwa Aléh.
“Céték lah keur Dén Haji mah,” Dulkonang mairan.
Dikitukeun téh, Dén Haji langsung beukah irungna.
“Moal hésé ngabringkeun, murid Uwa gé tuda aya puluhna,” omong Mang Upang.
“Lain puluh atuh, Upang, ratus kituh!” Uwa Aléh rikat némpas.
Harita kénéh langsung didaptar, rupa-rupa pangabutuh pikeun acara pelantikan, sakalian jeung angkana. Nya moal saha deui nu katempuhan, mun lain bendahara. Tapi da Dén Haji mah suka ati najan kudu ucul duit gedé gé. Pokna ogé, demi démokrasi. Pokona pangabutuh anu didaptar téh ti mimiti umbul-umbul tepi ka pakakas kasenian. Geus karuhan ari bangsaning konsumsa-konsumsi mah. Malah amplop keur para wartawan anu ngahaja rék diondang ge geus dihancengankeun. (nyambung) *
*Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, kolumnis, carponis, novelis, budayawan jeung sastratawan Sunda, panarima dua kali Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments