Ku: Tatang Sumarsono
Ampir sapoé jeput Mang Upang ngabagikeun ondangan rapat partéy. Anu diondang téh henteu ngan sawates maranéhna anu geus resmi asup kana susunan pangurus hasil rapat, tapi deuih katambahan ku calon pangurus. Bung Océng Sukapamer nandeskeun, mun pangurus ukur welasan jalma mah bakal dianggap kurang boga wibawa. Kuduna gé, cenah, personalia partéy mah sing lengkep atawa rempeg, sangkan program kagiatanana katara jeung karasa ku balaréa.
Najan ukur ngider di salelewek kacamatan gé, tapi buktina mah teu cukup ku sakeudeung geuning, da aya anu adrésna jolok, malah kudu leumpang heula mapay galengan sawah. Cacak mun keur usum ngijih, geus tangtu kudu jejeblogan. Ngan untungna téh Mang Upang beunang diandelkeun. Teu salah waktu dina rapat dibéré pancén jadi Séksi Humas téh—jujulukna ogé apan Si Kalaider.
“Jadi, isukan téh kudu rapat, nyah?” omong Dulkonang sanggeus nampanan surat ondangan—resmi maké cap partéy. Kituna téh bari rucang-riceng, da karék hudang.
“Heueuh. Matak Emang ayeuna ngahaja ka dieu gé naha kunaon atuh,” omong Mang Upang. “Rapat penting, ceuk ketua gé, nyaéta pikeun ngalengkepan susunan pangurus.”
“Apan harita gé geus rempeg. Uing anu pangpandeurina dijenengkeun téh, lin? Nyekel seni-budaya,” Dulkonang megat kalimah.
“Kurang kénéh, cenah, ari semet welasan jalma mah. Malah mun bisa mah kudu aya opat puluh jalmana,” walon Mang Upang.
“Ambuing, mani ngaleuwihan aparat désa tamah, Semang. Kumaha rék ngahonoranana?”
“Nyao teuing. Éta mah urusan ketua jeung bendahara. Peupeujeuh énté isukan kudu datang.”
“Nyéta, Semang, ieu téh …,” Dulkonang nyaritana teu kebat.
“Nyéta naon?”
“Isukan téh rék nganteurkeun dagangan ka pasar. Tuh geuning laja jeung jahé geus dikarungan, meunang ngabajongan ti urang lembur peuntas. Rék isukan diiangkeunana téh, meungpeung hargana keur alus. Sugan wé batina rada néngtog,” témbal Dulkonang. Enya, da kana balantik hasil bumi ayeuna mah pacabakanana téh.
“Lah, iang dagangan mah pagéto waé atuh. Da moal waka turun harga jahé jeung laja mah. Malah jigana bakal terus undak. Geus waé mending gé ngahadiran rapat, mangkaning ….”
“Mangkaning naon?” Dulkonang megat omongan.
“Mangkaning Dén Haji nyayagikeun balong, geus dilaukan satengah kintal. Pék cenah aruseupan, mun rapat geus réngsé mah. Itung-itung pakaulan duméh partéy urang geus resmi ngadeg pikeun tingkat kacamatan.”
Dulkonang ngahuloeng heula sakeudeung, laju pokna, “Heueuh atuh ari kitu mah. Keun waé urusan iang dagangan mah pagéto.”
“Tah, kitu atuh, ari geus jadi kader partéy mah.”
“Ayeuna rék nyieun heula eupan anu jétu. Moal teu sagiriwil-sagiriwil geura diuseupanana ku uing mah.”
“Eupanna agéhan Emang sakeupeul mah.”
“Enya lah.”
Kencling deui Mang Upang indit . Untungna téh aya motor injeuman, boga adi beuteungna. Jadi teu ngandelkeun teuing leumpang. Hanas kudu meuli bénsin, nya wayahna waé, da apan basa méméh indit gé geus dikeupeulan heula ku Dén Haji.
“Moal ngopi heula, Mang?” ceuk Maharani waktu geus narima surat ondangan.
“Rusuh tuda, Néng. Ieu aya salapan deui nu kudu dianteurkeun. Engké waé mun usum salsé ngahajakeun ngadon ngopi mah,” témbal Mang Upang, bari terus amitan.
Enya, lain teu kabita mun ngopi heula. Tapi, apanan rusuh. Jaba deuih melang bisi kaémpér-émpér ka pamajikanana, duméh manéhna ngadon ngopi di imahna Néng Maharani anu keur lalagasan. Mangkaning pamajikan Mang Upang mah galak timburu, bari jeung sok ngalung-ngalungkeun piring mun geus ambek ka salaki téh.
Tabuh satengah lima, Mang Upang geus jogo deui di imah Dén Haji, rék laporan, duméh tugas geus réngsé dipigawé. Kabeneran ketua jeung sekretaris gé keur araya. Apan kudu ngasakkeun rarancang anu kudu dibadamikeun isukan dina rapat.
“Duaan anu balaka moal hadir mah. Punten, cenah, pangwartoskeun ka Bung Ketua,” omong Mang Upang.
“Saha waé, Mang?” Ulan Subaikoh nanya.
“Bah Jasim, cenah isukan téh badé mantuan minantuna ngaburak suhunan imah. Terus deuih Bu Dédah, sabab badé besuk dahuanana ka rumah sakit,” témbal Mang Upang.
“Nya, kumaha atuh. Tapi geus saranggupeun dijenengkeun pangurus partéy?” Bung Océng nanya.
“Siap, cenah, Bung Ketua,” témbal Mang Upang.
“Hanjakal Bu Dédah teu tiasa ngiringan rapat, nya?” omong Ulan.
“Naha kumaha kitu, Néng?”
“Urang sina nembang minangka hiburanana,” témbal Néng Sekretaris.
“Engkin waé hiburan mah urang sakalian dina pelantikan pengurus. Apan mun susunan pangurus geus lengkep mah, urang kari nyieun laporan ka tingkat cabang, terus sina ditembuskeun ka tingkat pusat. Geus kitu mah tinggal nangtukeun derna pelantikan,” témbal Bung Kétua.
“Sakalian Si Gégé sina manggung atuh, Bung Ketua, ngarah ramé,” omong Mang Upang.
“Pasti atuh. Apan si éta anu kudu ngalalakon dina hiburan mah, da manéhna anu nyekel séksi seni-budaya,” témbal Dén Haji. “Isukan manéhna bakal hadir, nya?”
“Bakal, Dén. Tadina mah moal, da rék iang dagangan ka pasar, cenah. Tapi sanggeus diterangkeun yén isuk disadiakeun balong mah, manéhna langsung giak,” témbal Mang Upang.
“Si éta téa, kana nguseup mah jurigna,” omong Dén Haji. “Tapi ari uang transport mah tadi cukup, lin?”
“Nya dicukup-cukup waé. Kabeneran aya motor anu adi beuteung. Nya diinjeum heula. Lumayan najan butut gé, batan nikreuh mah. Ngan nya kitu, abong motor warisan jaman Fir’aon, hésé rék dihirupanana gé. Mani tepi ka cangkeul suku balas mindeng nyelah.”
Dén Haji ngahéhéh.
“Naon ari motor warisan jaman Fir’aon téh, Mang?” Ulan nanya.
“Enya, motor kolot, anu pantesna mah geus didaur ulang dijieun séndok atawa garpuh,” omong Bung Océng. (nyambung)
* Tatang Sumarsono, jurnalis, carponis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, panarima dua kali Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Kota Bandung, Jawa Barat.
Comments