Carita Nyambung

Carita Nyambung (5):
Partey Salam Manis

0

 

Ku: Tatang Sumarsono

“Ah, manéh mah sok aya-aya waé. Piraku di partéy pulitik aya séksi anu kitu patut. Geus waé énté mah purah ngabantuan. Keun, engké honorna mah ti sayah, lamun aya pagawéan anu kudu digarap ku énté,” omong Dén Haji.

“Katanya Bung Tatang itu pengarang,” ceuk Alvert Gézyula.

“Ah, sayah mah cuman kadang-kadang suka ngarang carita bobodoran. Itu juga hanya tamba kesel aja, daripada ngalamun. Dan tu juga jaman dulu,” témbal Tatang.

“Bagus tuh,” Bung Alvért gancang némpas.

“Enya. Alus pisan mun aya kader partéy anu bisa nulis, bisa ngarang, bisa nyieun wacana. Apan engkéna bakal bisa nyieun réportaseu kagiatan partéy,” ceuk Drs. Oman. “Loba nu kudu dicatet, tina rupa-rupa kagiatan partéy téh, terus disusun jadi karangan anu alus. Éta téh penting pikeun sajarah bangsa Indonésia.”

“Geus waé, Tang, manéh miluan jadi pangurus, nya?” ceuk Bung Océng.

“Nya sakadar mantuan mah teu nanaon,” témbal Tatang.

“Enya, geus waé bantuan Dulkonang, babarengan dina saséksi,” ceuk Dén Haji.

Tatang ngan ukur unggeuk.

“Pokona mah Bung Tatang kudu berperan salaku jurnalis partéy. Bung Tatang kudu mampuh nuliskeun semua kejadian di partéy kita. Bung Tatang kudu bisa ngadokuméntasikeun dalam bentuk wacana anu menarik.”

“Wah, bangun pihéséeun éta mah,” Tatang gasik némbalan.

“Teu pira kari nuliskeun atuh. Trét, trét jadi wé bahan nu bisa dibaca ku saréréa,” omong Sersan Tohari.

“Ayeuna mah geus teu usum ditulis dina buku catetan atuh, Pa Sersan,” omong Uding.

“Nulisna atuh maké mesin ketik. Geuning di kantor désa gé, mani sok resep ngadéngékeun nerektekna, mun Jang Ulis keur ngetik téh, jaman baréto. Jaba deuih ngetikna téh bisa sababaraha lambar disakalikeun, da sok maké karbon geuningan,” ceuk Mang Itam.

“Geus tinggaleun jaman  atuh nyieun tulisan maké mesin ketik mah,” ceuk Bung Casun.

“Heueuh lah, ditulisna dina komputer atawa dina léptop. Ngarti sayah gé,” ceuk Dén Haji.

“Persis,” Tatang gasik mairan.

“Tenang, Tatang. Pasti ku Dén Haji gé disadiakeun atuh nu kitu mah. Pokona kari prak wé migawé,” Pa Guru nyambung omongan.

“Enya, aya léptop mah. Ti heula mangmeulikeun Si Nénéng, tapi ukur kapaké sakeudeung, da manéhna kudu maké léptop nu leuwih modérén. Paké wé ku manéh, Tatang, minangka barang inventaris partéy. Da di imah gé tara aya nu maké,” omong Dén Haji.

“Tuh, milik mah ti mana wé geuning,” ceuk Mang Upang.

“Énté gé, Dul, bisi butuh biduan, tah Néng Marahani bakal daékeun,” Uding nyelengkeung.

“Idih, enak aja …,” nu boga ngaran mairan saharita.

Dulkonang ngahuleng bari rada kucap-kiceup.

“Nya ari kitu mah, heug atuh. Enya, sok atuh ari rék dijenengkeun ngurus seni-budaya mah,” pokna. (nyambung)

* Tatang Sumarsono, jurnalis, carponis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, panarima dua kali Hadiah Sastra Rancage, nganjrek didi Kota Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *