Ku: Tatang Sumarsono
Saharita dikontak, saharita nyambung.
“Keur di mana, euy? Henteu keur kilir? Henteu? Heueuh alus atuh. Jadi keur di mana peuting ieu? Kumaha, keur nguseup? Geus lah tinggalkeun jeujeur mah. Mending gé gancang ka dieu, ka imah sayah ayeuna. Penting. Pokona mah penting. Enya lah, aya patalina jeung urusan gawé. Heug lah silaing ditarima deui gawé di déwék, asal ayeuna kudu ka dieu. Peupeujeuh, euy. Ah, nya heueuh atuh, kawas jeung saha waé urang téh. Sok burukeun. Ka dieuna rék jeung Si Tatang? Si Tatang urang Cibiru téa, maksudna? Oh, heueuh. Teu nanaon. Sakalian wé ajakan ka dieu,” omong Dén Haji dina hapé.
“Kumaha, daékeun ka dieu?”
“Daékeun. Keun waé ku sayah rék dihiap deui sina gawé, da ti heula ogé eureun sotéh lain pédah ku sayah dipocot, tapi duméh manéhna rék nyoba-nyoba hayang usaha sorangan, ngan buktina kalah mujejes alias bangkrut,” témbal Dén Haji.
“Komo mun apaleun dina riungan ayeuna aya Néng Marahani mah,” ceuk Mang Upang.
“Yéy, tak usyah yah …,” kontan Maharani ngadilak—geus sataun satengah rarandaan, anu katilu kalina.
“Ngarah jadi nu katilu, Tétéh,” Uding ngéngklokan.
“Geuleuh, ah. Teu hayang teuing! Emangnya gué apaan, sih,” Marahani jejebris.
“Geus, urang dagoan waé, tepi ka jinisna jonghok jeung urang-urang,” omong Bung Océng.
“Lain, cenah bieu téh ka dieuna rék dibaturan ku Si Tatang?” omong Bung CD.
“Heueuh. Meureun rék diboncéng ku éta kana motorna. Keun waé urang sakalian diajakan ngariung di dieu,” tembal Haji Gojéh.
“Jalma borokokok kitu mah tong diajakan pupulitikan atuh,” omong Bung CD.
“Héy, Bung, teu meunang ngomong kitu. Dina éksisténsi parpol mah jalma borokokok ogé bisa difungsikeun,” Drs. Oman gancang ngagebés.
“Enya, tong disebut borokokok, da saenyana jalma éta téh aya kabisana,” omong Sersan Tohari.
“Naon tah kaahlianana téh?” Bung Alvert nanya.
“Sok rajeun nyieun karangan, terus dimuat dina majalah,” témbal Sersan Tohari.
“Tapi kitu wé bangsaning carita bobodoran,” Uding nambahan katerangan.
Bung Alvert unggut-unggutan.
“Atuh meureun lila ngadagoan datangna Si Gégé mah, da biasana gé nguseupna téh di Legokginding, di balong bogana Bah Kosim téa ning,” omong Mang Upang.
“Alah, dagoan wé atuh, euy. Bisi kesel mah, matak naon urang gapléh heula,” walon nu séjén.
“Is, teu meunang diselang ku gapléh ari dina acara penting kieu mah,” Drs. Oman ngahuit.
“Enya, jaga wibawa partéy atuh, euy!”
Heuleut sapuluh menit.
“Lékum ….”
“Kumsalam. Tah geuning. Yap ka jero, Dul. Sakalian deuih, Tang, manéh gé asup wé.”
Anu karék asup téh gék gigireun Mang Koméng.
“Di hareup diukna, ngarah jéntré.”
“Enya, tong milih di juru, bisi katépaan nundutan geura.”
“Abi mah diukna di tukang wé, nya?” omong Tatang.
“Enya. Geus waé silaing mah diukna deukeut déwék, meungpeung susuguhna rada rempeg kénéh,” walon Mang Koméng.
“Mani rareuwas. Aya naon, nya?” Dulkonang rada rungah-ringeuh.
“Urang cokot gancangna waé,” ceuk Bung Océng. “Jadi kieu, Dul. Ayeuna téh keur rapat ngabentuk pangurus partéy. Aya jabatan anu masih kénéh kosong. Bieu anu hadir geus sapuk yén énté dipercaya pikeun ngeusian éta jabatan.”
“Jih, ning abdi kudu miluan martéy, Pa Océng. Teu timu atuh mun kudu pupulitikan mah,” pokna bangun hanjelu. Tuh nya, Dulkonang mah nyebutna gé “Pa Océng” kénéh, tacan diganti ku “Bung Océng”.
“Tong nyebut teu timu, da énté mah ukur kabagian nguruskeun kasenianana. Apan di partéy téh aya bidang seni-budaya. Lain ngan ukur pupulitikan hungkul atawa ngadidat nga-DPR-an. Tah, nu pantes nyekelna téh énté, Dul.”
“Geus, tarima waé ku énté. Apan énté geus biasa ieuh kana suna-seni,” Dén Haji ngéngklokan.
“Jih, apan grup calungna ogé geus lila bubar, da ayeuna mah tara aya anu nanggap. Si Sujang ayeuna téh matuh di lembur peuntas, da sapopoéna sok buburuh nyitak bata. Terus Mang Béwos anu diandelkeun jadi kokolotna apan geus dua taun jadi kuli bangunan di Malaysia. Si Otong milu ka lanceukna anu bubuara di Jakarta ….”
“Geus, teu kudu ditataan, da partéy mah butuhna gé ku énté, pikeun jadi pangurus,” omong Dén Haji.
“Tapi meureun engke téh kudu manggung deui. Ari batur-batur abdi apan geus areuweuh di lembur.”
“Céték anu urusan kitu mah. Matak naon énté mepek deui balad anu katulup barisaeun kana suna-seni. Malaur barudak rumaja ukur hihitaran di pos kamling,” omong Dén Haji deui.
“Tah, alus. Enya, pék himpun tah para remaja di ieu lembur sina mariluan aktif di partéy,” Bung Alvert rikat mairan.
“Tapi da alat-alat kasenianana ogé geus raruksak ayeuna mah. Kari goong anu nyésa téh,” omong Dulkonang.
“Meuli deui. Naon héséna partéy nyadiakeun alat-alat kasenian. Pék jieun daptar kebutuhanana, engké ku sayah rék diusulkeun dina rapat cabang. Pokona nyaho aya wé,” omong Bung Alvert.
“Tuh, geuning geus aya anu nyanggupan. Geus wé manéh daék, Gégé,” omong Mang Upang.
“Ari Mang Upang sarua deuih geus dibenum jadi pangurus partéy?” Dulkonang kalah malik nanya.
“Nya heueuh atuh. Yeuh, ayeuna Emang téh jadi Séksi Humas, purah kancad-kincid nganteurkeun surat,” témbal Mang Upang.
“Ari sobat abdi, ieu, Tatang, rék diajakan deuih?” Dulkonang nanya deui.
“Ah, ulah abi mah. Teu ngarti. Kajaba mun dipartéy aya séksi moro careuh. Tah, mun éta mah daék wé, da da karesep abi,” Tatang nyelengkeung, jigana maksudna gé ukur heureuy. Da piraku teuing di partéy aya urusan moro careuh sagala. (nyambung)
* Tatang Sumarsono, jurnalis, carponis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, panarima dua kali Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments