Ku: Tatang Sumarsono
“Maksudna?” Marahani nanya.
“Enya, Cuma iya-iya burung hantu téh maksudna mah ulah sakadar heueuh-heueuh bueuk,” walon Bung CD.
“Naha da uing gé ngarti. Anu matak uing miluan kana ieu rapat gé, naha ku naon atuh mun lain geus apal kana éksisténsi partéy pikeun ngalaksanakeun kahirupan berbangsa dan bernegara,” ceuk nu diuk di juru, anu cikénéh geus rada lelenggutan.
Jadi buntu laku, duméh jabatan dina kapangurusan partéy aya anu copong kénéh. Lebah néangan jalma anu pipanteseun ngeusian bidang seni-budaya, bet angger lapur. Padahal cikopi anu disuruput ku pamilon rapat ti bada isa téh geus béak dua téko. Lalawuh gé geus rék amrin.
“Atuh geus waé budak Dén Haji sina miluan jadi pangurus,” omong Bung Océng.
“Tah, geuning aya. Mana ayeuna jalmana?” Drs. Oman rikat mairan.
“Nyéta, apan teu miluan rapat, da cicingna gé di Bandung, sakolana keur kakagokna, bulan hareup rék diwisuda, lulus ti S-2,” témbal Dén Haji.
“Teu nanaon teu milu rapat peuting ieu gé. Itu kan alasannya sudah jelas,” omong Bung Alvert Gezuyla, ngarasa atoh. “Siapa nama orang yang bersangkutan?”
“Loli Mulyawati, SE, ME” témbal Dén Haji. “Budak nu cikal.”
“Geus waé atuh sina nyekel séksi seni-budaya,” omong Bung Océng.
“Entong, ah. Ku sayah geus diproyéksikeun sina jadi wakil bendahara. Lain ku nanaon, apan anak sayah mah sarjana ékonomi sakaligus magister ékonomi. Jadi engké téh sina ngatur duit partéy, sarta catetanana maké métodeu anu modéren,” omong Dén Haji.
“Iyah. Itu lebih bagus,” Bung Alvert rikat nempas.
“Jadi, saha atuh anu rék nyekel séksi seni-budaya?” omong Bung Océng. “Apan cenah susunan pangurus kudu geus lengkep peuting ieu, minimal keur ketua séksina.”
Taya anu bisa ngabijilan pamanggih. Heueuh, hésé geuning néangan jalma anu bisa nempatan posisi widang seni-budaya téh. Béda jeung pikeun séksi kapamudaan, atawa kaagamaan, éta mah moal kakurangan calon.
“Apan aya Uwa Aléh anu boga paguron penca. Asup kana seni-budaya lin penca ogé?” ceuk Bung CD.
“Nya heueuh atuh, apan penca téh seni-budaya warisan karuhun,” omong Uwa Aléh.
“Tah, geus wé Uwa atuh nu nyekel séksi seni-budaya,” Bung CD nyoara deui.
“Ulah ah,” Bung Ketua rikat némpas. “Uwa Aléh geus merenah nyekel Séksi Pengerahan Massa. Maksudna mah anu dipapancénan ngumpulkeun balad. Apan di dinya kakuatan partéy mah, kumaha carana mepek balad saloba-lobana.”
“Nya ari Uwa mah, mun dititah nyekel seni-budaya, heug waé, da ti bubudak gé pangulinan téh di dinya. Atuh éta cenah ceuk Bung Ketua kudu jadi tukang mepek balad, moal nolak Uwa mah. Hayang balad sakumaha?” omong Uwa Aléh.
“Nah, inilah contoh kader partéy yang militan,” ceuk Bung Alvert. “Uwa Aléh mah tetep semangat muda.”
“Ngan ulah kawas baréto wé, Bung Ketua,” ceuk Uwa Aléh.
“Kumaha kitu, Uwa?”
“Heueuh, Uwa téh dibéré pancén ngumpulkeun balad, terus kudu diabringkeun ka lapang. Ari pék boro-boro diongkosan, sangu bungkus gé méréna kurang. Cenah mah duitna dihakan ku panitia. Da mun harita ku Uwa teu dihalangan mah, ruksak tah panitia téh, diwejek ku barudak nu sakitu lobana. Barudak asuhan Uwa téa, kawas éngang, teu kaop dirojok sayangna sok terus ngabrul ngudag-ngudag.”
“Wah, di partéy kita mah moal mungkin kawas kitu, Uwa,” omong Drs. Oman—katembong rada miris nyanghareupan Uwa Aléh mah.
“Enya, éta mah lalakon pupulitikan jaman anu geus kaliwat. Lah, meureun saréréa gé geus pada ngarti,” ceuk Pa Guru Elom.
“Baheula mah rayat téh digiring nya, Pa Guru?” ceuk Casun Das.
“Nya kitu téa. Geus ah, tong nyaritakeun nu geus kaliwat. Mending nyaritakeun anu ayeuna jeung anu rék dipaju,” témbal Pa Guru.
“Enya, geus tong ngabahas kanyataan anu geus kaliwat. Da mémang baréto mah kitu kuduna,” Sersan Tohari mairan. Duka mémang geus apal, duka enya rumasa, duméh baréto jaman keur dinesna sok milu nguruskeun widang kamasarakatan di kacamatan.
“Jadi kumaha atuh séksi seni-budaya téh?” omong Uding Margola.
“Enya, apan Uwa Aléh mah geus merenah nyekel Séksi Pengerahan Massa,” omong nu séjén.
Buntu deui wé babadamian rapat téh.
Alhamdulillah, bet aya anu nyelengkeung, “Dulkonang wé atuh ajakan, sina miluan merapat ka partéy urang.”
Tah, heueuh. Saréréa curinghak, jadi inget ka Dulkonang. Komo Pa Haji mah apaleun pisan, sabab apan Dulkonang téh kungsi jadi supir mobil dolak di toko hasil bumina, purah ngunjalan béas ti héleran ka pasar.
“Heueuh, Si Gégé anu pantes kana suna-seni kitu mah. Panuju, euy.”
“Saha éta téh? Sebagai tokoh naon?” Bung Alvert nanya ka pamilon rapat.
“Pamaén calung ari Dukonang téh, Bung Alvert. Ngaran lengkepna mah Dulkonang Gobang Gocir. Anu matak sapopoéna sok disebut Si Gégé, singgetan tina Gobang Gocir,” témbal Dén Haji.
“Ari Gobang Gocir téh apan ngaran judul lagu. Tah, Si Dul mah kostimna lagu éta, mun keur maén calung téh,” omong nu séjén.
“Sip. Alus tah. Jadi manéhna téh praktisi seni, nya? Mémang kudu kitu anu nyekel widang seni budaya mah, sabab bakal loba hubunganana jeung kagiatan partéy dina geus nincak usum kompanyeu,” omong Bung Alvert, bungah, duméh geus aya kelemeng pikeun ngalengkepan kapangurusan partéy.
“Weuh, mun geus unggah ka panggung téh, Si Gégé mah euweuh duana, dijamin bakal ramé, surak éak-éakan taya eureunna,” omong nu séjén.
“Tah, heueuh. Geus wé si éta anu nyekel seni mah,” Uwa Aléh mairan.
“Hanjakal ayeuna jalmana euweuh di dieu. Kumaha atuh, Bung Océng?” Drs. Oman nanya.
“Heueuh, kumaha, nya? Kuduna tadi dibéjaan sangkan manéhna bisa hadir dina rapat. Ari ayeuna mah apan geus peuting teuing mun rék disusulan gé,” walon Bung Océng.
“Céték urusan éta mah. Ku sayah ayeuna rék ditelepon,” témbal Dén Haji, laju ngaluarkeun HP. (nyambung)
* Tatang Sumarsono, jurnalis, carponis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, panarima dua kali Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments